Al Kahf

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Al Kahf
الكهف
Informasi
Harti Guha
Ngaran séjén 'Ashabul Kahfi
Golongan Makiyyah,
Surah ka 18
Juz Juz 15-16
Waktu turun wahyu 46 [1]
Statistik
Jumlah ruku' 3 ruku'
Jumlah ayat 96 ayat
Jumlah kecap 579
Jumlah aksara 6306 [2]

Surat Al-Kahf (bahasa Arab:الكهف, al-Kahf, "Gua") disebut ogé Ashabul Kahf mangrupa surat ke-18 dina Al Qur'an. Sura ieu kawengku 110 ayat, kaasup golongan surah-surah Makkiyah (nu turun di Mekah). Dingaranan Al-Kahf jeung Ashabul Kahf nu hartina Pangeusi-Pangeusi Guha, dicokot tina carita nu aya dina ieu surat dina ayat 9 tepi ka 26, nyaéta sababaraha urang pamuda (The Seven Sleepers) nu sare 309 taun.

Fadhilah ieu surat[édit | édit sumber]

Dina hadis sohih: "من حفظ عشر آيات من أَوّل الكهف عُصِمَ من الدجَّال", hartina: Saha nu apal sapuluh ayat awal (surat) Al-Kahfi diriksa tina Dajjal. Dina lapad lain: مَنْ قرأَ عشر آيات من سورة الكهف حِفظاً لم يضره فتنةُ الدجال، ومن قرأَها كلَّها دخل الجنَّة, hartina: "Saha nu maca sapuluh ayat tina (surat) Al-Kahfi moal kamadaratan fitnah Dajjal, nu maca kabéhanana asup sorga"[3].

Ayat jeung tarjamah[édit | édit sumber]


ٱلْحَمْدُ لِلَّهِ ٱلَّذِي أَنْزَلَ عَلَىٰ عَبْدِهِ ٱلْكِتَابَ وَلَمْ يَجْعَل لَّهُ عِوَجَا (1) Sadaya puji kagungan Alloh nu geus ngalungsurkeun al-Kitab (Al-Qur'an) ka abdi-NA, taya saeutik ogé nu pasalingsingan.
ِِقَيِّماً لِّيُنْذِرَ بَأْساً شَدِيداً مِّن لَّدُنْهُ وَيُبَشِّرَ ٱلْمُؤْمِنِينَ ٱلَّذِينَ يَعْمَلُونَ ٱلصَّالِحَاتِ أَنَّ لَهُمْ أَجْراً حَسَناً (2) Nu ajeg lempeng teu galideur, mangrupa ancaman ti Anjeuna, béja bungah pikeun nu ariman tur amal soléh bakal meunang pahala gedé.
مَّاكِثِينَ فِيهِ أَبَداً (3) Maranéhna cicing di jerona salailana.
وَيُنْذِرَ ٱلَّذِينَ قَالُواْ ٱتَّخَذَ ٱللَّهُ وَلَداً (4) Jeung ancaman pikeun jalma nu nyarita Alloh ngangken anak.
مَّا لَهُمْ بِهِ مِنْ عِلْمٍ وَلاَ لآبَائِهِمْ كَبُرَتْ كَلِمَةً تَخْرُجُ مِنْ أَفْوَاهِهِمْ إِن يَقُولُونَ إِلاَّ كَذِباً (5) Maranéhna teu élmu kana hal éta, ogé karuhun maranéhna. Kacida gedé wadulna kalimah nu kedal tina biwir-biwir maranéhna, teu nyarita maranéhna iwal ti wadul.
فَلَعَلَّكَ بَاخِعٌ نَّفْسَكَ عَلَىٰ آثَارِهِمْ إِن لَّمْ يُؤْمِنُواْ بِهَـٰذَا ٱلْحَدِيثِ أَسَفاً (6) Bisa jadi anjeun cilaka kusabab sedih kingkin lantaran mikiran maranéhna nu ngabalieur mun teu iman kana ieu warta (Al Quran).
إِنَّا جَعَلْنَا مَا عَلَى ٱلأَرْضِ زِينَةً لَّهَا لِنَبْلُوَهُمْ أَيُّهُم أَحْسَنُ عَمَلاً (7) Saéstuna Kaula ngajadikeun nu aya di marcapada minangka panghias, pikeun nguji maranéhna, saha nu pangalusna gawé (hadé).
وَإِنَّا لَجَاعِلُونَ مَا عَلَيْهَا صَعِيداً جُرُزاً (8) Jeung éstu Kaula ngajadikeun nu di luhureunana (marcapada) taneuh nu bulistir garing.
أَمْ حَسِبْتَ أَنَّ أَصْحَابَ ٱلْكَهْفِ وَٱلرَّقِيمِ كَانُواْ مِنْ آيَاتِنَا عَجَباً (9) Naha anjeun nyangka éstu pangeusi guha jeung raqim[4] téh mangrupa tanda-tanda kami nu ngahélokkeun.
إِذْ أَوَى ٱلْفِتْيَةُ إِلَى ٱلْكَهْفِ فَقَالُواْ رَبَّنَآ آتِنَا مِن لَّدُنكَ رَحْمَةً وَهَيِّىءْ لَنَا مِنْ أَمْرِنَا رَشَداً (10) Nalika para pamuda nyalindung dina guha, maranéhna ngadu'a: "Duh Gusti Pangéran, pasihan abdi sadaya rohmat ti Anjeun, tur mugi tiasa sampurna urusan abdi sadaya.

Poko-Poko Eusi[édit | édit sumber]

  1. Turun Al Qur'an mawa ajaran nu lempeng jeung Nabi Muhammad s.a.w, ngarepkeun imanna urang kafir. Pangancam pikeun jalma nu ngadakwa Pangéran boga anak,
  2. Carita matak hélok Pangeusi Guha,
  3. Pituduh supaya Nabi sobar dina da'wah sanajan,
  4. Pépéling keur Nabi s.a.w, da'wah lain pikeun gegedén wungkul
  5. Siloka kahirupan dunya ku cai nu turun ti langit jeung pepelakan di marcapada,
  6. Kajadian kiamat, makhluk bakal disogrongkeun ka payuneun Pangéran,
  7. Iblis nu doraka embung sujud musuh manusa,
  8. Akibat teu miroséa pépéling ti Alloh S.W.T,
  9. Nabi Musa a.s., Nabi Khidhr a.s. jeung Yusya a.s,
  10. Dzulqornaén jeung Ya'juj tur Ma'juj
  11. 'Azab keur nu musyrik jeung pahala keur nu ariman
  12. Legana élmu Alloh S.W.T tur ibadah kudu ihlas ka anjeunna.

Tadabbur jeung Tadzakkur[édit | édit sumber]

Alloh SWT dina saban mitembeyan atawa réngsé tina urusan, muji salira-NA SWT (Nu Suci tur Luhur). Pinuji dina saban urusan taya cawadeunana. Gusti SWT: Jeung kagungan-Na sadaya puji di mimiti jeung tungtung (urusan).[5]

Kitu ogé muji salira-NA SWT nalika nurunkeun Al Qur'an ka Rosul-NA SWT nu eusina teu pabaliut, lempeng, écés témbrés. Kudu syukur kana ieu ni'mat nu pangutamana téh, Al Qur'an téa. Carana, tilu aspék syukur, percaya tur yakin ku haté, maca ku lisan tur ngamalkeun ku pagawéan kana ieu kitab. Pépéling nu peureus ogé, warta nu pikabungaheun kanu ariman tur amal soléh agéhna upah nu hadé (sorga). Maranéhna bakal cicing di jerona salalawasna.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Mushaf al-Madinah an-Nabawiyah (bi-Riwayah Hafsh). Madinah: Mujamma' al-Malik Fahd li-Thiba'ah al-Mushaf asy-Syarif. Halaman Ba'
  2. Bashair Dzittamyiz Fi Lathaif al-Kitab al-Aziz, al-bab al-awwal at-thorf ats-tsany a-mawaqif, bashirat fi Alhamdu lillahilladzy anzala 'abdihil kitab, Mazdudin Fairuz Abadi Muhammad bin Ya’qub
  3. Al-Fairuzabadi, Basoir dzit-Tamyiz, al-babul awal at-thorfuts tsany al-mawaqif - bashiroh fi alhamdulilahil ladzi 'ala 'abdihil kitab
  4. raqim nurutkeun Al-Mawardy dina Tafsir an-Nukat wal 'Uyun nyebutkeun, nyaéta ngaran lembur asalna, gunung, léngkob, anjing, kitab/ prasasti (eusina ngaran ashabul kahfi)
  5. Ibnu Katsir, Tafsir Al-Qur'anil Karim, suratul kahfi

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Surat sateuacanna:
An-Nahl
Surat 18 Surat saparantosna:
Maryam
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit
Nulis.jpg