At Tahrim

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
At Tahrim
الحآقّة
Informasi
Golongan Makiyyah,
Surah ka 66
Juz Juz 29
Waktu turun wahyu 71 [1]
Statistik
Jumlah ayat 12 ayat
Jumlah kecap 240
Jumlah aksara 1060 [2]

Surat At Tahrim (Basa Arab:التَّحريم) nyaéta surat ka 66 dina Al Qur'an. Surat ieu kagolong surat Madaniyah nu kawengku 12 ayat. Dingaranan At Tahrim dicokot tina awal ieu surah kecap tuharrim  nu boga harti ngaharamkeun.

Eusi Poko ieu Surat[édit | édit sumber]

Eusi pokok ieu surat, di antarana:

  • Pépéling keur Nabi Saw dina rumah tangga, tumali ngaharamkeun nu halal.
  • Carita Istri Nabi, Siti Hafshoh jeung maruna, Siti Aisyah r.a; ogé carita istri Nabi Nuh jeung Nabi Luth a.s, tur carita Siti Asiyah & Siti Maryam.
  • Paréntah nyanghareupan kafirin jeung jalma munafék ku siasat.
  • Paréntah nebihkeun kulawarga tina naraka.
  • Sifat malaékat, nu tumut kana paréntah teu ngijing sila béngkok sembah.
  • Paréntah tobat nasuha (nu bener) jeung ngadu'a.

Ayat jeung tarjamah[édit | édit sumber]


يٰأَيُّهَا ٱلنَّبِيُّ لِمَ تُحَرِّمُ مَآ أَحَلَّ ٱللَّهُ لَكَ تَبْتَغِي مَرْضَاتَ أَزْوَاجِكَ وَٱللَّهُ غَفُورٌ رَّحِيمٌ

(1) Hé Nabi, naha anjeun ngaharamkeun nu Alloh ngahalalkeun ka anjeun lantaran pamajikan, (padahal) Alloh Nu Jembar hampura tur Maha Asih.


قَدْ فَرَضَ ٱللَّهُ لَكُمْ تَحِلَّةَ أَيْمَانِكُمْ وَٱللَّهُ مَوْلاَكُمْ وَهُوَ ٱلْعَلِيمُ ٱلْحَكِيمُ

(2) Saéstuna Alloh geus ngawajibkeun aranjeun sakabéh lulubaran tina sumpah aranjeun,[3] Alloh téh Nu Maha Uninga Maha Wijaksana.


وَإِذْ أَسَرَّ ٱلنَّبِيُّ إِلَىٰ بَعْضِ أَزْوَاجِهِ حَدِيثاً فَلَمَّا نَبَّأَتْ بِهِ وَأَظْهَرَهُ ٱللَّهُ عَلَيْهِ عَرَّفَ بَعْضَهُ وَأَعْرَضَ عَن بَعْضٍ فَلَمَّا نَبَّأَهَا بِهِ قَالَتْ مَنْ أَنبَأَكَ هَـٰذَا قَالَ نَبَّأَنِيَ ٱلْعَلِيمُ ٱلْخَبِيرُ

(3) Nalika Nabi ngarusiahkeun ka sabagéan istri-istrina (Hafsoh) hiji urusan, terus inyana (Hafsoh) ngaharéwoskeun éta urusan (ka Aisyah). Alloh ngabéjérbéaskeun (haharéwosan Hafsoh jeung Aisyah) ka anjeuna (Nabi). Tuluy anjeuna (Nabi) ngabéjakeun (iber ti Alloh téa) sabagéanana (ka Hafsoh) jeung nyidem sabagéanana. Nalika (Nabi) ngabéjakeun (haharéwosan Hafsoh jeung Aisyah) ka inyana (Hafsoh), pok (Hafsoh) nanya: Saha nu ngabéjaan anjeun (hé Rosululloh), dawuhna: Nu ngabéjaan kuring Nu Maha Uninga tur Maha Waspada.


إِن تَتُوبَآ إِلَى ٱللَّهِ فَقَدْ صَغَتْ قُلُوبُكُمَا وَإِن تَظَاهَرَا عَلَيْهِ فَإِنَّ اللَّهَ هُوَ مَوْلاَهُ وَجِبْرِيلُ وَصَالِحُ الْمُؤْمِنِينَ وَالْمَلاَئِكَةُ بَعْدَ ذَلِكَ ظَهِيرٌ

(4) Lamun anjeun duaan (Hafsoh jeung Aisyah) tobat maka haté anjeun duan geus ponténg (kana hadé). Tapi mun anjeun duaan silih bantu rék nyusahkeun ka anjeuna (Nabi), éstu Alloh gédéngeunana, ogé Jibril jeung urang mu'min nu saroléh. Kitu ogé para malaékat bakal nulungan (Nabi). (Jstrna)

Tadabbur jeung Tadzakkur[édit | édit sumber]

Alloh SWT ngécéskeun yén rumah tangga Nabi s.a.w (istrina Siti Hafsoh jeung Siti Aisyah r.a nu haharéwosan), diuji ku masalah minangka conto pikeun rumah tangga umatna. Papasangan nu lian ogé kitu saperti Nabi Nuh a.s. jeung istrina nu nirca, Nabi Luth a.s. jeung istrina nu teu saihwan (saiman), Siti Asiyah (nu iman), istrina Fir'aon (raja nu deleka) jeung Siti maryam nu soléhah (tapi boga budak teu bapaan kuidin Gusti minangka ujian). Masing-masing ngalakonan lalakon hirup nu kudu dihareupan, bari teu lepas tina usaha sakuat tanaga, kabisa, jeung ulah poho ka purwadaksina (ka Alloh). Di antarana ku tobat jeung ngadu'a (ménta tutulung ka Alloh), ulah nyieun reka polah tanpa deuheus ka Pangéran.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Mushaf al-Madinah an-Nabawiyah (bi-Riwayah Hafsh). Madinah: Mujamma' al-Malik Fahd li-Thiba'ah al-Mushaf asy-Syarif. Halaman Ba'
  2. Bashair Dzittamyiz Fi Lathaif al-Kitab al-Aziz, al-bab al-awwal at-thorf ats-tsany a-mawaqif, bashirat fi يأيها النبى لم تحرم, Mazdudin Fairuz Abadi Muhammad bin Ya’qub
  3. Nyaéta ku mayar kifarat (tebusan) saperti kaunggel dina QS 5 Al-Maidah ayat 89, kafarat sumpah téh méré dahar 10 urang nu miskin, atawa meuli baju 10 urangeun, atawa ngabébaskeun saurang budak atawa puasa tilu poé.

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Surat sateuacanna:
At Tholaq
Surat 66 Surat saparantosna:
Al Mulk
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit
Nulis.jpg