Al Mulk

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Surat Al-Mulk (Basa Arab: سورة الملك‎) (harfiahna 'karajaan') nyaéta surat (bab) ka-67 dina Qur'an, nu eusina aya 30 ayat. Ngaran surat ieu nujul kana Malik al Mulk (Basa Arab: مالك الملك‎) 'Nu Boga Karajaan', harfiahna mah 'raja saalam dunya', salah sahiji tina 99 Asma Allah. Surat ieu ngajarkeun ka urang ngeunaan kakawasaan Allah nu teu kawates tur pertelakeun yén singsaha waé nu nolak peringetan ti Nabi, bakal jadi babaturanna Seuneu nu Ngentab-ngentab, nu hartina bakal dihukum dina Naraka.

Geus dibejaan dina Hadits yén Nabi Muhammad parantos ngadawuh yén lamun seug urang maca Surat ul-Mulk unggal peuting, mangka nu macana bakal dijauhkeun tina siksa kubur.

Tarjamah[édit | édit sumber]

Kalayan Asmana Allah Nu Maha Murah, Nu Maha Asih
1. Maha Suci Allah, dina cepengan Anjeunna sakabéh karajaan, sarta Anjeunna Maha Kawasa kana saniskanten.
2. Anu ngayugakeun pati jeung hurip, supados Anjeunna nguji maraneh, saha ti antara maraneh anu leuwih hade amalna. Sareng nya Anjeunna Nu Maha Gagah Nu Maha Ngahampura.
3. Anu parantos ngayugakeun langit tujuh lapis. manéh sakali-sakali moal nenjo dina dadamelan Nu Maha Murah hiji hal anu henteu saimbang. ku kituna prak geura tenjo deui, naha manéh nenjo hiji hal anu henteu saimbang?
4. Tuluy prak tenjo sakali deui tanwande tetenjoan manéh téh bulak-balik kitu keneh kalawan teu manggih hiji cacad jeung tetenjoan manéh ogé dina kaayaan parna.
5. Saestuna Kami geus mapaesan langit anu deukeut ku bentang-bentang, jeung Kami jadikeun bentang-bentang éta pamaledog ka setan-setan, jeung Kami nyawiskeun pikeun maranehna siksaan naraka nu ngentab-ngentab.
6. Jeung jalma-jalma anu kalupur ke Pangeranna, meunang siksaan jahanam. Jeung éta nu panggorengna tempat mulang teh.
7. Upama maranehna digebruskeun kadinya, maranehna bakal ngadenge sora ngaguruh, sabot éta naraka ngagolak;
8. Meh jumegur bakating ku ambek. Saban-saban ka dinya digebruskeun saabrulan, nu ngajaragana ngagorowok ka maranehna: “Naha henteu kungsi datang ka maraneh nu ngawawadian?
9. Pok maranehna nembalan: “Bener aya”, saestuna geus datang ka kaula sareréa hiji jalma anu ngawawadian, tuluy ku kaula sareréa dibohongkeun, sarta cek kaula sareréa teh: “Allah henteu nurunkeun naon-naon, saestuna taya lian arandika mah aya dina kasasaran nu kabina-bina”.
10. Jeung maranehna nyarita: “Upama kaula sarerea harita ngaregepkeun sarta ngagunakeun akal mah, tanwade kaula sarerea teh moal asup kana jalma-jalma anu nyicingan naraka nu ngentab-ngentab”.
11. Nya maranehna téh ngaraku kana dosana. Tuluy kacilakaan pikeun jalma-jalma anu nyicingan naraka nu ngentab-ngentab.
12. Saestuna jalma-jalma anu sieun ka Pangeranna anu teu katenjo kalawan ku maranehna, pikeun maranehna pangampura jeung ganjaran nu gedé.
13. Jeung boh diharewoskeun boh ditarikkeun ogé omongan maraneh teh, saestuna Anjeunna Maha Uninga kana sakabéh eusining hate.
14. Naha Pangeran Nu ngayugakeun téh henteu uningaen? Padahal Anjeunna Nu Maha Lemes, Nu Maha Uninga.
15. Nya Anjeunna nu geus ngajadikeun bumi téh gampang pikeun maraneh, jung arindit ka suklakna ka siklukna, jeung pek dalahar sabagian tina rejeki-Na. Jeung ngan ngajugjug ka Anjeunna maraneh dihudangkeun.
16. Naha maraneh ngarasa aman tina Alah Nu (Kawasa) di langit yén Ajeunna nu bakal ngabebeskeun maraneh ka jero bumi, nepi ka ujug-ujug éta bumi téh eundeur?
17. Atawa naha maraneh ngarasa aman tina Allah Nu (Kawasa) di langit yén Anjeunna bakal nurunkeun hujan batu ka maraneh. Ku kituna maraneh bakal nyaraho kumaha buktina pangwawadi Kami the?
18. Jeung saestuna jalma-jalma anu saheulaeun maranehna geus ngabarohongkeun (Rasul-rasul-Na), ku kituna pisakumahaeun teuing bebendon Kami teh?
19. Jeung naha maranehna henteu nenjo kana manuk-manuk nu ngabeberkeun jeung ngalingkupkeun jangjangna di luhureun maranehna? Henteu aya anu bisa ngahalang-halang maranehna anging (Pangeran) Nu Maha Murah? Saestuna Anjeunna Maha Ningali kana sagala perkara.
20. Atawa saha manéhna nu jadi tentara pikeun maraneh anu bakal nulungan maraneh salian ti Allah Nu Maha Murah? Taya lian kapirin téh ukur dina kaayaan katipu.
21. Atawa saha manéhna ieu anu méré rejeki ka maraneh upama seug Anjeunna nahan rejeki-Na? Saestuna maranehna tonggoy dina kasombongan jeung beuki jauh.
22. Nya naha jalma anu leumpangna ngangsrod ku beungeutna leuwih meunang pituduh batan jalma anu leumpangna ngagandeuang dina jalan nu lempeng?
23. Pok caritakeun: “Nya Anjeunna Nu ngayugakeun maraneh turta ngajadikeun pikeun maraneh pangdenge, panenjo katut hate. (Tapi) saeutik pisan maraneh muji sukur.
24. Pok caritakeun: “Nya Anjeunna Nu geus ngajadikeun arandika baranahan di bumi, sarta nya ngan ka Anjeunna arandika bakal dikumpulkeun”.
25. Jeung maranehna nyarita: “Iraha tumibana éta ancameun teh upama enya mah arandika jalma-jalma nu balener?
26. Pok caritakeun: “Saestuna pangaweruh (perkara poe kiamat éta mah) ngan di Allah. Jeung saestuna taya lian kaula mah ngan jadi tukang ngawawadian anu netelakeun.
27. Nalika maranehna nenjo siksaan (dina poe kiamat) geus deukeut, reup weh geuneuk-maleukmeuk beungeut jalma-jalma anu kalupur the. Jeung dicaritakeun (ka maranehna) “Nya ieu perkara anu osok ku maraneh dipenta teh”
28. Pok caritakeun: “Tetelakeun ka kaula upama Allah maehan kaula katut jalma-jalma anu tarumut ka kaula sarerea atawa mere rahmat ka kaula sarerea, (tuluy kaula sarerea bakal asup sawarga), tapi saha anu bisa nyalametkeun jalma-jalma anu kalupur tina siksaan anu peurih?
29. Pok caritakeun: “Nya Anjeunna Allah Nu Maha Murah, kaula sarerea ariman ka Anjeunna sarta nya ka Anjeunna kaula sarerea tawekal. Nya arandika bakal nyaraho saha anu aya dina kasasaran nu tetela.
30. Pok caritakeun: “Tetelakeun ka kaula upama cinyusu arandika jadi garing; nya saha anu bisa ngadatangkeun cai anu ngocor ka arandika?”