Lompat ke isi

Karéta api Menoréh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Karéta api Menoréh
Semarang Tawang-Jakarta Kota PP.
KA Menoréh nuju ka Stasion akhir nyaéta Stasion Jakarta Kota keur ngaliwatan daérah Sukamulya, Pucung, Kotabaru
Informasi
SistemKaréta api jarak jauh
StatusBeroperasi
LokalDaop 4 Semarang
Stasion terminusSemarang Tawang
Jakarta Kota
Jumlah stasion9
Ruteu2
Operasi
Dibuka29 Séptémber 2012 (Minangka Ka Menoréh 1)
19 Agustus 2014 (Minangka Ka Menoréh 2)
3 Oktober 2016 (Minangka Ka Menoréh wungkul)
Dipiboga kuPT Kereta Api Indonesia
OperatorDaérah Operasi IV Semarang
LokomotipCC203, CC206, CC201
Data téhnis
Lébar sepur1067 mm
Gancangna operasional50-100 km/jam

Karéta api Menoréh nyaéta karéta api kelas ékonomi AC plus non-PSO anu dioperasikeun ku PT Kereta Api Indonesia di pulo Jawa ruteu Semarang Tawang - Pasar Senén - Jakarta Kota jeung sabalikna, karéta ieu mangrupa karéta api ékonomi kaopat taun 2012 (Menoréh 1) jeung kaopat taun 2014 (Menoréh 2) di Indonésia anu maké pasilitas AC saenggeus karéta api Majapahit.[1]

Mimitina ti tanggal 29 Séptémber 2012 karéta ieu ngagentikeun karéta api Fajar Utama Semarang anu berangkat ti Pasar Senén ka Semarang isuk-isuk, jeung karéta api Senja Utama Semarang anu berangkat ti Semarang ka Pasar Senén peuting.[1] Tuluy ti tanggal 19 Agustus 2014 disusul ku ngagentikeun dua rangkéan karéta éta anu ruteuna sabalikna.[1]

Ti tanggal 3 Oktober 2016 KA Menoréh 1 jeung 2 dijadikeun hiji Kareta nyaéta KA Menoréh wae. Ti tanggal 29 Méi 2019, indit KA Menoréh ti Jakarta tos dilayani ti Stasion Jakarta Kota

Spésifikasi Rangkéan Karéta

[édit | édit sumber]

Rangkéan ieu ngagunakeun Rangkéan Ekonomi New Image dijieun ku INKA taun 2016

  • 1 Lokomotip CC201/CC203/CC206 Dipo Induk SMC atawa Dipo Induk JNG atawa Dipo Induk nu séjén
  • 5 Karéta Ekonomi AC Plus New Image (K3 2016 SMC)
  • 1 Karéta Makan (M1 SMC)
  • 4 Karéta Ekonomi AC Plus New Image (K3 2016 SMC)
  • 1 Karéta Pembangkit (P SMC)

Katerangan:

  • Rangkéan Menoreh K3 2012 jeung K3 2014 dialokasikeun pikeun KA Kamandaka jeung rangkéan KA Menoreh diganti ku Rangkéan K3 2016.[2]
  • Mulai dinten Ieu KA Menoreh tos Resmi ngagunakeun Karéta Makan (M1) jeung Karéta Pembangkit (P).
  • Dinten ieu Karéta Makan Pembangkit (MP3) Trainset 5 nu Kabogaan KA Menoreh tos dimutasi ka Purwokerto (PWT) keur Sarana Karéta Makan Pembangkit KA Wijayakusuma (saréng jeung Karéta Makan Pembangkit (MP3) Kabogaan KA Kaligung)

Asal-usul ngaran

[édit | édit sumber]

Ngaran "Menoréh" asalna ti ngaran pagunungan, nyaéta Pagunungan Menoréh, hiji pagunungan anu perenahna di Kabupatén Magelang, Kabupatén Purworejo, jeung Kabupatén Kulon Progo.[1]

Stasion nu dilayanan

[édit | édit sumber]

Karéta ieu ngalayanan sababaraha stasion, di antarana Weleri, Batang, Pekalongan, Pemalang, Tegal, Brebes, Cirebon Prujakan, Jatinegara jeung Pasar Senén[1]

Jadwal Lalampahan

[édit | édit sumber]

Ieu jadwal Lalampahan KA Menoreh per 1 Désémber 2019 (dumasar Gapeka 2019).

KA 263 Menoréh (Semarang Tawang - Jakarta Kota)
StasionNepiIndit
Semarang Tawang-08.00
Weleri08.3608.39
Batang 09.10 09.12
Pekalongan09.2409.29
Pemalang09.5509.57
Tegal10.2010.30
Brebes10.4210.44
Cirebon Prujakan11.2911.45
Jatibarang12.1812.20
Bekasi 14.14 14.16
Jatinegara14.3414.36
Jakarta Kota14.59-
KA 264 Menoréh (Jakarta Kota - Semarang Tawang)
StasionNepiIndit
Jakarta Kota - 19.15
Bekasi 19.58 20.00
Jatibarang21.5321.55
Cirebon Prujakan22.2722.41
Brebes23.2623.28
Tegal23.4023.48
Pemalang00.1000.14
Pekalongan00.4101.05
Batang 01.16 01.18
Weleri01.4901.53
Semarang Tawang02.30-

Insidén

[édit | édit sumber]
  • Dina tanggal 8 Maret 2014, beus pariwisata PO Haryanto nopol B 7036 PGA anu ngangkut rombongan barudak anu ngalakukeun kagiatan santunan ditabrak karéta api Menoréh pas ngaliwat ka palintasan liwar di antara Stasion Cikarang jeung Stasion Tambun.[3] Akibatna, lokomotip ruksak, lampu-lampuna pareupeus.[3] Sopir beus na kabur jeung kernétna diamankeun.[3]

Tingali ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 Informasi mengenai kereta api Menoreh Archived 2016-04-13 di Wayback Machine (id) diakses tanggal 24 Februari 2016
  2. "Jalani Peremajaan, Dua KA Ekonomi Kini Serasa Eksekutif | Republika Online". Republika Online. Diaksés tanggal 2017-02-08.
  3. 1 2 3 Sumber: Tribunnews. 8 Maret 2014. Diakses tanggal 2 Juli 2015 Tabrak Bus, Lokomotif KA Menoreh Rusak, Sopir Bus PO Haryanto Kabur Setelah Ditabrak KA Menoreh, KA Menoreh Tabrak Bus PO Haryanto di Cikarang

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]