Undagi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Wangunan modél Capit Gunting di Wanaraja Garut

Undagi (ᮅᮔ᮪ᮓᮌᮤ) nyaéta tata arsitéktur saperti imah, saung, tajug, jeung masjid anu jadi salah sahiji kabutuhan poko manusa sanggeus sandang pangan.[1] Kabudayaan pakampungan dimimitian nalika manusa mimiti nyusun kahirupan anu ngamasarakat, mangka diwangun sistim atawa cara nyieun imah anu lumangsung jadi adat kabiasaan ngeunaan tipeu, fungsi, jeung sistim organisasina.[1]

Undagi dihartikeun ogé patukangan, para ahli, ahli dina hiji perkara, tukang ngawangun.[2]

Pajar urang Sunda téh teu boga ciri arsitéktur anu mandiri.[3] Buktina di anjungan Jawa Barat, TMII, nu aya téh imah témbok nu cenah modél Cirebon.[3] Bari éta gé modélna ngaharib-harib arsitéktur kolonial.[3] Sigana harita panitia ti Jawa Barat teu percaya diri némbongkeun imah Sunda antik nu masih aya kénéh di kieuna, upamana di Kampung Kuta Ciamis, Kampung Naga Tasikmalaya, Kampung Pulo jeung Dukuh di Garut, Kasepuhan Ciptagelar Sukabumi, jeung Kanékés (Baduy).[3]

Imah tradisional Sunda mémang katémbong basajan pisan.[3] Teu kawas arsitéktur imah adat sélér séjén nu pinuh papaés warna-warni.[3] Padahal rupa nu basajan kitu téh lian ti némbongkeun kaaslian ogé nétélakeun soal umur kabudayaan.[3] Beuki basajan beuki nuduhkeun umur hiji budaya manusa nu kolot.[3] Cenah, imah Sunda nu umumna mangrupa imah panggung minangka warisan ngahuma nu sok pundah-pindah téa.[3]

Nalika imah diwangun, umumna ditingali itung-itunganana ku jalma pinter anu disaluyukeun jeung ngaran jalma nu bogana, tempatna, jeung poé ngamimitianana. Sakabéhna diitung maké ramalan.[1] Imah lain waé tempat pikeun ngiuhan jeung sumalindung tina gangguan, tapi ogé mibanda fungsi sosial, ékonomi, kultural; imah ogé jadi puseur cita, cipta, rasa, karsa, jeung jasa.[1]

Imah-imah di Jawa Barat tipeuna panggung ngumpuk, jangkung kolongna antara 40–60 cm.[1] Maksudna ngajaga diri tina ancaman sato galak jeung bahaya banjir.[1] Kolong fungsina pikeun nyimpen alat tatanén, suluh, jeung ingon-ingon.[1]

Dina wangun suhunan aya nu disebut léang, anu hartina topi Cina, dina bagian hareup jeung tukangna maké geulang-geulang tina kai dibungkus ku injuk sangkan cihujan teu langsung keuna kana kai, ieu disebut ogé capit hurang.[1] Ditilik tina jihat kapercayaan urang Sunda, gumulungna antara bumi jeung sapangeusina, mangka capit hurang téh dimaksudkeun pikeun ngajaga imah katut pangeusina tina pancabaya.[1]

Imah-imah di pagunungan, dataran handap, jeung di tapel wates Jawa umumna sarua, nyaéta pasagi jeung manjang, ubin dijieun tina palupuh, nyaéta solobong awi anu didatarkeun; dingding tina bilik anyaman sasag atawa kepang.[1] Aya ogé anu ditambahan tina wangunan utama, dipanjangan, ngaranna sosompang. Posisi imah umumna manjang ti kulon ka wétan, saluyu jeung arah-arah bagerakna panonpoé, sedengkeun tempat panto posisina kaler-kidul, lantaran nurutkeun kapercayaan, teu hadé ngalawan arah-arah bagerakna panonpoé.[1]

Bagian hareup fungsina pikeun narima sémah lalaki, bagian tukang pikeun narima sémah awéwé.[1] Tétécéan pikeun naék ka jero imah dijieun tina awi atawa kai anu disebut golodog, babacik atawa parangga.[1] Dapur biasana dina taneuh, sangkan salamet tina bahaya kahuruan, lantaran alat anu digunakeun pikeun masak kawilang tradisional ngaranna hawu anu diluhureunana aya parako, anu fungsi éta parako pikeun neundeun dahareun.[1]

Bagian-bagian Imah Sunda[édit | édit sumber]

  1. Téras atawa émpér fungsina pikeun narima sémah.[1]
  2. Rohangan tengah, rohangan panggedéna, lantaran fungsina pikeun ngumpulna kulawarga dina waktu peuting, bisa digunakeun pikeun tempat saré barudak, ku sabab kamar saré ngan aya hiji di hareup pagigir-gigir jeung tepas.[1]
  3. Bagian tukang, biasana digunakeun pikeun dapur jeung goah (ukur awéwé nu meunang asup ka goah), bagian tukang mah pikeun kaperluan awéwé.[1]

Buruan Imah[édit | édit sumber]

Buruan imah aya dua bagéan nyaéta bagéan hareup jeung bagéan tukang.[1] Buruan hareup biasana dipelakan tatangkalan anu umurna panjang samisil bungbuahan: nangka, limus, rambutan, atawa kalapa.[1] Aya ogé anu ngahaja dikosongkeun sangkan barudak laluasa arulin atawa dipaké pikeun lahan moé paré nalika usum panén.[1] Di buruan tukang biasana aya sumur (pancuran) jeung kulah pikeun miara lauk.[1] Di luhureun kulah diwangun tempat bubuang (jamban) nepi ka kokotor bisa langsung murag ka kulah. Di sisi-sisi kulah dipelakan tangkal sayur (lalab).[1] Di buruan tukang biasana aya lisung, lamun napi dilaksanakeun di sisi kulah, sakalian maraban lauk.[1] Biasana pasosoré barudak arulin di buruan, kolot-kolotna lalajo anu arulin, kitu ogé nalika bulan purnama (ngabungbang).[1]

Wangun Suhunan jeung Adegan[édit | édit sumber]

Suhunan Jungkung dina wangunan Garéja Protéstan di Cibunut baheula

Nu dimaksud suhunan nyaéta bagian hateup wawangunan pangluhurna, ayana di luhureun para; suhunan imah, gedong, masjid, jll.[2] Suhunan supaya ulah iris luhureunana sok ditutup ku wuwung.[2] Kecap suhunan sok dipaké kecap panambah bilangan imah, upamana salapan suhunan imah.[2]

  • Badak Heuay potongan wangunan henteu maké wuwung, pasambungna hateup tukang jeung hareup saperti badak keur heuay.[4]
  • Bapang, potongan imah panjang teu maké juré, disebut ogé potongan halteu.[4] Suhunan nu ngujur ka panjangna imah, saperti potongan elos; di handapeun tungtung suhunan maké ampig; sok disebut ogé suhunan panjang; imah nu suhunanana bapang sok disebut ogé imah suhunan bapang atawa imah bapang.[2]
  • Buka Palayu, adegan (imah, jsb) anu nyanghareup ka panjangna.[4]
  • Buka Pongpok, adegan imah anu nyanghareup ka pondokna.[4]
  • Capit Gunting, potongan wangunan imah anu tungtung suhunanana maké awi atawa kai dicagakkeun kawas gunting rék nyapit.[4]
  • Jogo Anjing/ tagog anjing, saung nu tihangna ngan dua di hareup wungkul, méh samodél jeung potongan badak heuay.[4]
  • Jolopong, potongan wangunan imah nu suhunanana ngajolopong manjang, sok aya nu nyebut ogé suhunan panjang atawa gagajahan.[4]
  • Lilimasan, hateup imah nu siga wangun piramid.[4] Suhunan pondok maké juré (leuwih pondok manan suhunan gagajahan, rata-rata imah di urang maké suhunan lilimasan.[2] Imah nu suhunanana lilimasan sok katelah imah lilimasan.[2]
  • Parahu Kumureb, potongan wangunan imah nu suhunanana mirupa parahu nangkub.[4]
  • Suhunan Papak, suhunan nu rata (ku beton), henteu nyungcung cara ku kenténg atawa eurih.[4] Suhunan cepak, suhunan datar, hateup gedong tina beton nu rata jeung sok dipaké paniisan.[2]
  • Suhunan Gagajahan suhunan bapang, ngan dina tungtungna maké juré pondok nepi ka jadi sopak saeutik jeung euweuh ampigan.[2]
  • Suhunan Dengkéng, suhunan cekung saperti suhunan imah gadang di Sumatra Kulon.[2]
  • Suhunan Jangkung, adeg-adegna jangkung nepi ka hateupna saperti anu nutug.[2]
  • Suhunan Jungkung, suhunan nyungcung, suhunan nu potonganana saperti aseupan nangkub, upamana suhunan garéja, masjid; tihang adeg-adeg suhunan nu kitu ngan hiji jeung jangkung deuih.[2]
  • Suhunan Sontog, suhunan nu maké juré di antarana suhunan gagajahan jeung lilimasan, imah suhunan sontog, imah sontog.[2]

Wangunan di Kampung Adat Dukuh[édit | édit sumber]

Umumna, wangunan nu aya di Kampung Dukuh téh wangunan panggung nu sok jadi ciri wangunan tradisional Sunda.[5] Éta wawangunan téh diwangun luhureun tatapakan anu dijieun tina kai, nu langsung ngahijhi jeung tihang imah.[5] Kabéh wangunan anu diadegkeun di Kampung Dukuh suhunanana maké suhunan panjang anu ngujur ngulon-wétan siga masigit.[5] Kitu deui ukuran imahna, kabéh gé méh saukuran, iwal ti imah kuncén anu ukuranana rada gedé.[5] Rupa suhunanana coklat lantaran tiungna hateup anu dijieun tina daun eurih.[5] Aya ogé sawaréh anu ditumpangan deui ku injuk kawung, ngarah eurihna teu gancang bobo ku kahujanan jeung kapanasanan.[5] Di Dukuh mah teu kapanggih imah anu ngagunakeun kenténg téh.[5]

Panto imah di Dukuh teu meunang nyanghareup ngalér.[5] Unggal panto kudu nyanghareup ka kidul, kulon atawa wétan.[5] Pangna panto teu meunang nyanghareup ka kalér duméh di beulah kalér kampung téh aya makam karomah anu dikaramatkeun.[5] Sajaba ti ulah nyanghareup ka kalér, antara panto hareup jeung panto dapur teu meunang sajajar.[5] Éta bisa ngalantarankeun nu nyicinganana teu weléh pinanggih jeung kasusah, pangpangna dina néangan rijki.[5] Lamun sajajar, rijki anu datang ngaiwatan panto hareup téh cenah bakal kaluar deui ka pantu dapur, teu bisa ngarandeg heula di tengah imah.[5] Hareupeun panto dina jajalaneun asup ka imah aya golodog.[5]

Wangunan imahna dipindingan ku bilik awi.[5] Éta bilik téh teu meunang dipulas, kudu tetep siga aslina.[5] Di luhureun dapur aya nu disebut para seuneu, gunana pikeun nunda suluh anu geus gararing sarta siap dibeuleum.[5] Aya ogé para leutik handapeun para seuneu anu sok dipaké tutundaan kabutuh dapur saperti samara atawa bungbu masak.[5] Lanté imah maké palupuh, dijieunna tina bahan awi, diteukteukan,panjangna diluyukeun jeung kabutuhan wangunan anu rék diwangun.[5]

Aya lima rupa wangunan anu aya di Dukuh jero, nyaéta kholwat, masigit, madrosah, bumi kuncén, jeung imah.[5] Kholwat téh mangrupa wangunan imah panggung, ukuranana kurang leuwih 3X4 méter.[5] Ieu wangunan husus digunakeun keur tapakur.[5] Masigit di Kampung Dukuh aya dua, anu hiji husus keur lalaki, anu hiji deui husus keur awéwé.[5] Madrosah mah saenyana wangunan anyar.[5] Saméméh Kampung Dukuh kahuruan taun 2006, nu aya téh ukur masigit.[5] Tapi sanggeus kaduruk tur kampung adat dibangun deui, sesepuh Kampung Dukuh boga inisiatif ngawangun madrosah pikeun barudak nu ngaraji.[5] Ari perenahna gigireun masigit pisan.[5] Bumi kuncén ukuranana leuwih gedé leuwih gedé batan imah séjénna, kurang leuwih satengaheun imah biasa.[5] Aya 40 imah nu dicicingan ku masarakat Dukuh jero téh, anu diwatesanan ku pager anu ngabédakeun wilayah Dukuh jero jeung Dukuh luar.[5]

Tiori Victor Papanek[édit | édit sumber]

Victor Papanek dina The Green Imperative, Ecology and Ethics in Design and Architecture (1995) nétélakeun yén arsitéktur vérnakular dumasar kana pangaweruh praktis jeung téhnik tradisional nu biasana diwangun ku sorangan dibantu ku tatangga atawa baraya jeung tukang bas ti lembur éta.[3] Masing-masing némbongkeun pangabisa nu pangpunjulna. Struktur imah tradisional umumna gampang kaharti jeung gampang ditalungtikna.[3] Matrial nu dipaké kalolobana matrial alam nu aya ti sabudeureun lembur.[3] Satuluyna Papanek nyieun genep tiori ngeunaan arsitéktur tradisional:

Tiori Métodologi atawa Tata Cara[édit | édit sumber]

Tina soal rupa jeung matrial nu dipaké, imah tradisional téh minangka solusi nu cocog mun diténjo tina widang ékologi.[3] Hartina cocog jeung kaayaan iklim, lingkungan, jeung hirup masarakatna.[3] Imah-imah tradisional teu némbongkeun karep pribadi tapi nyaluyukeun diri jeung lingkungan alam ogé imah-imah sabudeureunana.[3] Tina soal ukuran, biasana imah tradisional maké skala manusiawi, prosés ngawangun imah sarua pentingna jeung hasil ahirna.[3]

Imah-imah tradisional Sunda maké matrial nu masing-masing boga ciri nu mandiri jeung maké alat husus dina ngolahna luyu jeung sipat matrial jeung kamampuh alat.[3] Misalna rupa-rupa awi dipaké keur bagian imah dumasar sipat kakuatan jeung ukuranana.[3] Aya awi nu dipaké dina rupa golondongan cara pikeun kaso, aya nu dibeulah heula pikeun eréng, aya nu diratakeun pikeun lantéy cara awi gombong pikeun palupuh, awi tali dianyam dijadikeun bilik jeung satuluyna.[3]

Tiori Dispérsi jeung Konvergensi[édit | édit sumber]

Dispérsi hartina nyebar.[3] Modél imah tradisional Sunda nyebar satatar Sunda bari mawa ciri mandiri di unggal tempat.[3] Imah di Kampung Kuta Ciamis nepi ka Baduy, sarua panggung.[3] Kitu deui dingdingna sarua maké bilik, suhunanana maké kiray jeung injuk.[3] Ari konvergensi maksudna di hiji kondisi geografi jeung iklim modél dasar imah maké pola desain nu sarua.[3] Najan anggangna ratusan kilométer, rupa dasar imah di Kampung Kuta, Ciamis jeung imah Baduy boga ciri nu sarua nyaéta panggung jeung maké matrial nu sarua nu aya di lingkungan nu mémang sarua.[3] Kasang tukang budaya jeung katurunan nu sarua, ogé pangaruh kaayaan alam jeung iklim, méré pangaruh utama.[3]

Tiori Évolusi[édit | édit sumber]

Najan arsitéktur tradisional ngakar kana ajén-inajén tradisional, tur nyirikeun lumangsungna éta ajén di masarakat, katémbong aya parobahan, najan robahna alon.[3] Contona mah di Kampung Kuta Ciamis atawa Kampung Naga Tasik.[3] Cara jandéla geus maké kaca, ogé di Kampung Kuta, dingding geus dicét, matrial pabrik kayaning triplék jeung séng ogé amparan tina plastik (vinil) geus dipaké.[3] Ieu parobahan angger dumasar kana aturan adat, naon nu bisa dirobah, naon nu henteu.[3]

Tiori Lingkungan Sosial[édit | édit sumber]

Imah tradisional némbongkeun pangabutuh masarakat jeung kamasarakatan.[3] Maksudna, imah tradisional mah éstuning hasil kahayang nu rék ngeusina.[3] Béda jeung wangunan beunang arsiték, babakuna wangunan komérsil cara bank, ''mal'', kantor, jeung pabrik.[3] Imah di Kampung Kuta jeung Baduy diatur lian ku kabutuhan ogé diluyukeun jeung imah-imah nu geus aya.[3] Salah sahiji sarat nyieun imah di Baduy cenah ulah nepi ka tatangga ngarasa sérab.[3]

Tiori Budaya[édit | édit sumber]

Wangunan tradisional dipangaruhan ku budaya masarakat sabudeureunana, utamana dina tata cara ngawangun imah.[3] Nyieun imah ditangtukeun ku itungan poé naon ngawangunna, upacara naon nu kudu diayakeun dina ngamimitian nyieun imah, aturan nyanghareup ka mana, lokasi, jeung sabangsana.[3]

Tiori Éstétika Formal[édit | édit sumber]

Éstétika arsitéktur tradisional béda ti karya arsiték.[3] Karya arsiték biasana némbongkeun karya artistik individu ti arsitékna.[3] Ari imah tradisional mah némbongkeun ajén éstétika masarakatna.[3] Teu némbongkeun kapunjulan krétivitas arsiték, tapi kréativitas komunal.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x Asep Syamsulbachri. 2007. Pengantar Budaya Sunda Menuju Jati Diri dan Kepribadian Sunda. Unpas. Bandung.
  2. a b c d e f g h i j k l m Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. 2008. Kamus Basa Sunda R. A. Danadibrata. Kiblat Buku Utama. Bandung
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao Mang Jamal dina Cupumanik nomer 89/ 2010. "Nyawang Arsitéktur Sunda"
  4. a b c d e f g h i j Rachmat Taufik Hidayat, spk. 2005. Peperenian Urang Sunda. Kiblat Buku Utama. Bandung
  5. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac Rukmana. Mikawanoh Kampung Dukuh. Bandung: Habsa Jaya.

Baca ogé[édit | édit sumber]