Kabudayaan Sunda
Kabudayaan Sunda nyaéta sagala rupa hal anu aya hubunganna jeung budaya Sunda.[1]
Watek Urang sunda
[édit | édit sumber]Saban bangsa mibanda étos, kultur, sarta budaya anu béda.[2] Tapi tong anéh lamun aya bangsa anu boga kahayang pikeun melakeun étos budayana ka bangsa séjén, alatan nyangka yén etos sarta kultur budaya mibanda kaonjoyan.[2] Kabiasaan ieu kasampak dina étos sarta kultur budaya bangsa urang, alatan dina sawatara dékadeu geus kahébos ku budaya bangsa séjén.[2]
Arus modernisasi ngagempur budaya nasional urang anu jadi jati diri bangsa.[2] Budaya nasional kiwari kasampak pohara kuna, komo aya generasi ngora anu éra diajarna, pangabisa ngawasa kasenian tradisional dianggap teu méré mangpaat.[2] Rasa bangsa beuki leungit, alatan budaya bangsa séjén leuwih kasampak di batan budaya sorangan, kaayaan ieu ogé lumangsung dina budaya Sunda, ku kituna urang Sunda kaleungitan jati dirina.[2] Pikeun nyanghareupan bangbalu dina kabudayaan Sunda, aya alusna urang ngaléngkah ka tukang tiheula.[2] Diajar, sarta ngumpulkeun keusik mutiara anu ambacak salila ieu, loba papatah anu kapopohokeun, alatan henteu kungsi kacaba ku nu bogana.[2] Hal ieu lantaran kurang boga kahayang pikeun diajar, komo maranéhanana méré anggapan tinggaleun jaman.[2] Lamun ditalungtik, sabenerna pamor étika moral Sunda boga hasanah hikmah anu rongkah, hal éta kagambar liwat talarina.[2]
Aya sawatara étos atawa watek dina budaya Sunda ngeunaan hiji jalan pikeun ngahontal tujuan hirup.[2] Sajaba ti éta, étos sarta watek Sunda ogé bisa jadi bekel kasalametan dina ngambah kahirupan di dunya ieu, di antarana waé nyaéta aya lima, cageur, bageur, bener, singer, sarta pinter anu geus lahir kira-kira jaman Salakanagara sarta Tarumanagara.[2]
- Cageur, nyaéta kudu cageur jasmani sarta rohani, cageur mikir, cageur boga pamadegan, cageur moral, cageur migawé sarta lalampah.[2]
- Bageur nyaéta boh haté, nyaah ka sasama, loba méré pamadegan sarta kaidah moril nu hadé atawa materi, henteu korét, henteu émosional, boh haté, penolong sarta ikhlas ngajalankeun sarta mengamalkan, lain ngan dibaca boh diucapkan waé.
- Bener nyaéta henteu bohong, henteu asal-asalan dina migawé pancén pakasaban, amanat, lempeng ngajalankeun ageman, bener dina mingpin, sarta henteu ngarusak alam.[2]
- Singer, nyaéta mawas diri lain was-was, ngarti dina saban pancén, miheulakeun batur saméméh pribadi, ngahormatan pamadegan batur, pinuh kaasih nyaah, henteu gancang ambek lamun dikritik tapi ditengetan harti esensina.[2]
- Pinter, nyaéta beunghar élmu dunya sarta ahérat, ngarti élmu ageman nepi ka dasarna, bisa nyaluyukeun diri jeung sasama, bisa ngedalkeun sarta ngabéréskeun masalah kalayan wijaksana, sarta henteu ngarasa singer sorangan bari nyudutkeun batur.[2]
Wengkuan Géografis
[édit | édit sumber]Sacara géografis Jawa Barat (kiwari jeung Banten) mangrupa tempat lahir jeung tumuwuhna kabudayaan Sunda, Jawa Barat ogé mangrupa daérah kapuloan anu biasa dosebut kapuloan Nusantara.[3] Istilah éta dipaké dina abad ka-14 Masehi nyaéta jaman Majapahit.[3] Daérah Jawa Barat anu tumuwuh minangka tempat urang sunda hirup miboga kamekaran anu tangtu dina sagala aspék saperti téknologi( pakasaban), sistem duduluran, basa, kasenian, ageman, jeung élmu pangaweruh.[3]
Téknologi Tatanén Tradisional
[édit | édit sumber]Tatanén pikeun masarakat Sunda lain hal anu anéh, sabab dina kabudayaan masrakat Sunda pakasaban anu utama nyaéta tatanén.[4] Tatanén geus tumuwuh mangabad-abad di masarakat sunda, ti mimiti jaman purba kabiasaan tatanén geus dilakonan ku masarakat Sunda, sabab kaayaan alam anu nyadiakeun minangka kabutuhan pikeun neruskeun hirup harita.[4] Sakabéh kagiatan merlukeun atawa miboga pakakas husus, kitu deui dina widang tatanén. Pakakas nu dibutuhkeun téh di antarana :
- Arit nyaéta pakakas paranti ngala jukut atawa ngala paré, dijieunna tina beusi dicampur baja jeung kai minangka gagangna, wangunna saperti gaét tapi teu nguél teuing. Arit miboga pungsi pikeun ngababad semak-semak, alang-alang jeung jujukutan.Dina mimitian ngabuka lahan anyar, biasana ngagunakeun arit.[5]
- Asahan mangrupa batu husus paranti ngasah sabangsaning péso, bedog, jsté.[5]
- Aseuk, Wangun aseuk téh kai buleud panjang, méncos tungtungna, paranti ngaseuk, nyieun logak leutik keur melak sisikian saperti jagong, suuk, buncis, kacang jsb. Aseuk disebut ogé luju.[5]
- Bakrik Mangrupa pakakas nu dijieunna tina awi anu diala katut jangkarna, dipaké pikeun gantar pangait, disadiakeun pikeun nulungan nu kahuruan, kaayeunaeun kakaitna sok dijieun tina beusi.[5]
- Bawak, Bagian pacul nu ngahiji jeung gelungana (bagian seuseukeutna beunang dilaan upama rék diasah) .[5]
- Bedog, nyaéta parabot paranti meulah atawa motongasabangsaning awi tawa kai jeung barang séjénna. Dijieunna tina beusi, pérah/ gagangna maké kai tawa ku aluminieum. Wangunna aya anu pondok aya ogé anu panjang. Wadahna disebut sarangka, anu dijieunna tina kai.[5]
- Burujul, nyaéta wuluku nu teu maké lanjam.[5]
- Caplak, nyaéta pakakas nu dipaké dina keur tandur, gunana pikeun ngaguratan taeuh supaya upama nancebkeun binih paré lempeng. Caplak téh dijieunna tina kai.[5]
- Congkrang, mangrupa parabot paranti ngababad sabangsaning jujukutan atawa tatangkalan anu leutik, jeung sajabana. Dijieunna tina beusi gagangna tina kai atawa aluminieum. Waggunna rada panjang batan arit, bagéan luhurna melengkung.[5]
- Étém, téh sabangsa péso nu diwangun husus paranti ngala paré raranggeuyan.[5]
- Garpuh, nyaéta pakakas tukang tani paranti ngaguarkeun taneuh.[5]
- Garu, nyaéta pakakas tukang tani, paranti ngajurkeun taneuh sawah sabada diwuluku, wangunna suga sisir carang, biasanna ditarik ku munding atawa sapi boh sarakit boh hiji.[5]
- Halu, nyaéta parabot paranti nutu, dijieunna tina kai anu buleud.[5]
- Koréd, nyaéta pakakas tani pikeun miceunan jujukutan di kebon, dijieunna tina beusi jeung waja, wangunna sarupa arit tapi dilengkungkeun.[5]
- Kujang, mangrupa pakakas sabangsa bedog sok dipaké pakarang atawa nyacar pihumaeun ku Urang Sunda baheula, bisa dipaké ngadék jeung newek, kiwari dipaké lambang rupa-rupa organisasi kasundaan.[5]
- Lalandak, nyaéta parabot paranti ngarambét di sawah nu ditanduranana maké digarit (tandur jajar) . Disebut ogé géréndél atawa gilinding.[5]
- Lisung, mangrupa pakakas paranti nutu paré, dijieunna tina kai, liangna dua nyaéta liang buleud jeung ling pasagi opat panjang.[5]
- Pacul, nyaéta parabot paranti malikkeun taneuh di sawah, ngagali lobang, ngamalirkeun cai, ngaduk jsb. Seuseukeutna dijieun tina beusi atawa waja, gagangna tina kai nu diradabéngkokkeun sangkan gampang makéna.[5]
Sistem Duduluran
[édit | édit sumber]Urang Sunda ngagem sistem duduluran anu sipatna patental jiga urang Jawa.[3] Hartina urang sunda yakin ayana duduluran boh ngaliwatan dulur ti indung boh dulur ti bapa.[3] Sistem duduluran masarakat sunda, umumna sakum manusa di dunya aya disababkeun dua faktor nyaéta turunan jeung ayana ritual nikah .[3] Nu pang pentingna dina tingkat hubungan duduluran urang Sunda dumasar bébédaan generasi tilu golongan.[3] Katilu golongan nu dimaksud nyaéta (1) golongan sepuh, kolot, wong tuo anu ngawengku aki, nini, bapa, jeung ema, generasi anu tingkatanna leuwih luhur ti égo; (2) golongan sadulur, dina harti anu heureut, nyaéta dulur saindung-sabapa, dulur téré (dulur saindung misah bapa atawa dulur sabapa misah indung), nu disebut lanceuk lamun umurna leuwih kolot jeung adi atawa rayi lamun umurna leuwih ngora.[3] Jadi sadulur téh hiji generasi jeung égo; (3) golongan anak, nyaéta turunan égo, anak égo, lalaki atawa awéwé .[3]
Sistem duduluran masarakat sunda anu dipikawanoh kiwari aya tujuh turunan, tapi sabenerna urang sunda baheula miboga salapan garis turunan nyaéta anak, euncu, umpi, cicip, muning, anggasantana, kulasantana, pretisantana, jeung witwekas.[3] Kiwari sistem duduluran urang sunda leuwih dipikawanoh Pancakaki.[3] Pancakaki nyaéta hiji sistem anu ngagambarkeun hubungan kulawarga.[3] Dina adat istiadat urang sunda, pancakaki téh mibanda dua harti.[5] Harti anu kahiji, pancakaki téh mangrupa perenahna jelema ka jelema deui, anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh.[5] Upamana waé kumaha pancakaki si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, emang, bibi, anak, buyut, alo, suan, jsté.[5] Harti anu kadua pancakaki téh mangrupa papayan perenahna kabarayaan.[5]
Rundayan/Turunan
[édit | édit sumber]Ti luhur ka handap
[édit | édit sumber]-Bau Sinduk : Indung Bapana Gantung Siwur/Kait Siwur -Gantung Siwur/Kait Siwur : Indung Bapana Udeg-udeg -Udeg-udeg : Indung Bapana Janggawareng -Janggawareng : Indung Bapana Bao -Bao : Indung Bapana Buyut -Buyut : Indung Bapana Nini -Nini : Indungna indung/bapa -Aki : Bapana Indung/bapa -Indung : Indungna anak -Bapa : Bapana anak -Anak : Indung Bapana Incu -Incu : Anakna anak -Buyut : Anakna incu -Bao : Anakna buyut -Janggawareng : Anakna bao -Udeg-udeg : Anakna janggawareng -Gantung siwur/kait siwur : Anakna udeg-udeg -Bau sinduk : Anakna gantung siwur/kait siwur.[3]
Ka gigir
[édit | édit sumber]-Adi : Dulur Sahandapeun -Lanceuk : Dulur Saluhureun -Emang : Adina Bapa/Indung (lalaki) -Bibi : Adina Bapa/Indung (awéwé) -Ua : Lanceuk Bapa/Indung -Alo : Anak Lanceuk -Suan : Anak Adi -Kapiadi : Anak Emang/Bibi -Kapilanceuk : Anakna Ua -Incu ti gigir : Incuna Adi -Aki ti gigir : Adina/Lanceukna Aki/Nini (lalaki) -Nini ti gigir : Adina/Lanceukna Aki/Nini (awéwé) -Ua ti gigir : Anakna Lanceuk Aki/Nini -Emang ti gigir : Anakna Adi Aki/Nini (lalaki) -Bibi ti gigir : Anakna Adi Aki/Nini (awéwé).[3]
Istilah anu Séjénna
[édit | édit sumber]-Adi Beuteung : Adina Pamajikan/Salaki -Dulur Sabaraya : Dulur pisan, anakna emang/bibi jeung ua -Dulur Teges : Dulur enya saindung sabapa -Indung Téré : Pamajikan Bapa lain anu ngalahirkeun urang -Bapa téré : Salaki indung lain anu ngalantarankeun urang lahir -Anak Téré : Anak sampakan ti lalaki/pamajikan -Dulur Patétéréan : Anak indung/bapa téré -Cikal : Anak panggedéna -Pangais Bungsu : Lanceukna bungsu -Bungsu : Anak Pangleutikna -Baraya Laér : Baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna -Teu Hir Teu Walahir : Teu baraya saeutik-eutik acan -Bau-bau Sinduk : Baraya kénéh sanajan geus laér -Dulur Pét ku Hinis : Dulur teges -Baraya : Sakur anu aya pancakakina -Karuhun : Luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya lilaHeulaeun urang, anu ngarundaykeun urang -Bésan : Indung/bapana minantu -Minantu : salaki/pamajikan anak -Mitoha : Indung/bapana salaki atawa pamajikan -Dahuan : Salaki atawa pamajikanna lanceuk.[3]
Basa & Aksara
[édit | édit sumber]Informasi pangkolotna ngeunaan basa jeung aksara nu dipaké di wilayah Kepuloan Nusantara, kaasup Tatar Sunda, aya dina prasasti ti abad ka-5 Masehi.[4] Dina éta abad digunakeun basa Sanksekerta jeung aksara Palawa pikeun nuliskeun sababaraha prasasti di Kalimantan Timur (Karajaan Kutai) jeung Tatar Sunda (Karajaan Tarumanagara).[4] Éta basa jeung aksara lain basa pituin tuluy dipaké pikeun nuliskeun dokumen resmi, henteu digunakeun pikeun komunikasi sosial.[4] Jaman Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, prasasti jeung naskah ditulis ngagunakeun dua basa jeung dua aksara, nyaéta basa jeung aksara Sunda kuna sarta basa jeung aksara Jawa kuna.
Basa Sunda resmi diaku minangka basa nu madeg mandiri ti mimiti taun 1841, dicirikan ku ayana (terbitna) kamus basa Sunda nu munggaran (kamus basa Belanda-Melayu jeung Sunda). Kamus éta diterbitkeun di Amsterdam, disusun ku T. Roorda, Sarjana basa timur, sedengkeun kandaga kecapna mah dikumpulkeun ku De Wilde. Tuluy Roorda ngajieun pernyataan:
Ieu kamus aya mangpaatna, hususna ngarah leuwih apal kana basa anu nepi ka ayeuna kurangna pangaweruh jeung teu sampurna, basa anu dipaké di wewengkon Jawa wilayah barat (kulon), ku masarakat di dinya mah sok disebut Sunda atawa Sundalanden, basa nu dipaké di wilayah timur, béda jeung basa Jawa jeung Melayu, nyaéta basa anu dipaké ku urang dengeun di kepulauan Hindia Timur.
Basa Sunda minangka basa anu digunakeun dina pakumbuhan masyarakat, miboga sababaraha dialék gumantung daérahna, kayaning dialék Banten, Bogor, Parahyangan, jeung Cirebon. Alatan kitu, basa Sunda ogé mibanda basa anu maneuh dina hartian basa lulugu minangka basa penganteur atawa basa nu baku dina pengajaran atawa dina pakumbuhan nyaéta basa nu aya di wilayah Priangan utamanya Bandung.[6] Dina basa Sunda aya anu disebut undak-usuk basa anu mangrupa padodan pikeun basa masarakat sunda.[6]
Undak-Usuk basa Sunda gumelar antara abad ka-18 atawa 19 nalika datang pangaruh politik Mataram jeung pengaruh ti basa Jawa Kuna.[6] Dina jaman harita, jaman urang dijajah Walanda, mémang dina pakumbuhan urang Sunda (cara pakumbuhan sakumna urang Indonesia) aya panta-panta sosial.[6] Dalah kalungguhan masing-masing jalma ogé béda-béda nurutkeun hukum, da aya hukum anu khusus pikeun urang Walanda katut urang Barat, aya hukum husus pikeun utang Timur asing (Cina, Arab, Keling jsté).[6] Ari urang pribumi jadi dadampar panghandapna.[6] Tapi ku lantaran jumlahna pangréana, masih kénéh dibagi-bagi deui kana panta-panta: ménak, santana, somah atawa cacah kuricakan.[6] Undak-usuk basa anu dijieun jeung diajarkeun dina abad ka-19 nepi ka awal ka-20, mémang luyu jeung kaayaan masyarakat Sunda harita anu dibagi dina tahap-tahap sosial.[6]
Basa Sunda mibanda alat pikeun nuliskeunana nyaéta aksara Sunda, ogé dieuyeuban ku undak-usukna anu digunakeun nalika nyarita anu diluyukeun jeung tempat, jalma anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeunana minangka silih ajénan anatara papadana.[7] Tétéla geuning basa Sunda téh mangrupa basa anu madeg mandiri, basa anu tumuwuh di lingkungan masarakat Sunda, basa nu kudu dijaga, kudu diriksa jeung diraksa ku sakumna urang Sunda minangka salah sahiji unsur budaya pikeun ngécéskeun yén “Basa Sunda Jati Diri Urang Sunda”.[7]
Élmu Pangaweruh
[édit | édit sumber]Dina masarakat sunda, aya anu istilah Pamali,Uga, Cacandran, jeung Kili-kila pikeun sawatara élmu pangaweruh masarakat sunda jaman harita.[8]
Pamali
[édit | édit sumber]Pamali, mangrupa istilah Basa Sunda pikeun ngagambarkeun norma tradisi lokal.[8] Upama norma éta teu dilaksanakeun, mangka bakal aya balukarna.[8] Dina tradisi filsafat positif, pamali téh disawang teu asup akal, sabab pamali miboga harti nu teu logis.[8] Tapi dina jihat séjén pamali disawang pikeun hiji kaarifan lokal nu sabenerna miboga rasionalitasna sorangan nu aya patalina jeung étika.[8] Dihandap ieu aya conto-conto pamali nu bisa dipercaya ku urang atawa henteu :
- Ulah lila teuing cicing di WC (Rohangan paranti mandi). Sabab lamun urang lila teuing cicing di WC, mangka fisik urang kaciri leuwih kolot ti batan umur urang.[5]
- Kabiasaan dahar petis dina waktu peuting. Sabab lamun urang dahar petis dina waktu peuting bakal ngabalukarkeun kateungeunahan haté, jeung lamun pikeun nu can kawin mah bakal hésé jodo, tapi pikeun nu geus kawin mah bakal paséa waé.[5]
- Kebiasaan maké baju bari leumpang. Sabab bisa ngabalukarkeun cita-cita urang teu kalaksanakeun.[5]
- Cicing dina lawang panto. Lamun urang cicing dina lawang panto, tangtu urang bakal hésé meunangkeun jodo.[5]
- Mandi dina waktu beurang. Bisa ngabalukarkeun babari kolot.[5]
Uga
[édit | édit sumber]Uga jeung wangun séjén nu aya di sakuliah dunya, geus aya ti jaman baheula.[9] Hal ieu dumasar kana ungakara-ungkara anu aya dina ajaran agama jeung folklor anu aya di unggal nagara.[9] Dina agama Islam, uga disebut “nubuat” anu eusina mangrupa tujuman pikeun kahirupan ka hareup.[9] Basa uga ditelahkeunana kana omongan anu méré béja piayaeun naon-naon kangeunahan atawa bancang pakéwuh (kasusahan) di ahir, tapi lain anu bangsa lahir, saperti kana tangkal cau, jaga bakal jantungan. Ieu jelema jagana bakal diruang; tapi kapakéna uga mah kanu moal kapanggih, tapi ku pikiran tahayulan jelema tangtu kapangih, ngan teu nyaho di urang kénéh atawa ku anak incu.[9] Nu matak ari aya nu rada sarupa jeung taksiran sok diaoromongkeun ‘geus tepi ka ugana’ atawa ‘samorong ceuk uga’.[9]
Ari conto-contona omongan baheula: Jaga mah, barudak, sajajalana disaungan. Béh karéta api.[9] Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat. Béh telegram.[9] Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék. Béh anak somah naék pangkat, anak ménak teu pangkat.[9] Jaga mah, barudak, ngateuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker gawé Béh nu dagang di pagawéan.[9]
Cacandran
[édit | édit sumber]Cacandran, nyaéta carita luluhur nu ngagambarkeun kaayaan nagara jeung sajabana nu bakal dialaman, saperti cacandran masarakat sunda numutkeun kolot baheula geus ngomong yén “Sumedang ngarangrangan, galunggung ngadeg tumenggung, Sukapura ngadaun ngora, Bandung heurin ku tangtung, Cianjur katalajuran, Ciamis amis ku manéh, Banagara sor ka tengah ”. Hiji uga anu kawentar di Tatar Sunda.[9] Ari uga téh bisa jadi ramalan atawa prediksi, tapi, bisa jadi ogé panggero pikeun sasadiaan sangkan ulah kajadian atawa ulah kasorang hal sakumaha anu digambarkeun dina uga.[9] uga anu tadi aya benerna, tapi aya ogé teu benerna. Benerna, ku sabab memang kabuktian, ayeuna Bandung heurin ku tangtung.[9] Malah lain waé keur anu masih hirup (anu masih bisa nangtung) heurin téh, dalah keur anu maot gé di sababaraha tempat geus heurin kacida.[9] Puluhan taun ka tukang di daerah Cicadas kungsi kajadian aya mayit dina pasaran anu rek ti imah ka masjid pikeun disholatkeun nepi ka kudu ngajebol hateup jeung kentengna, Kituna téh sabab lamun éta pasaran dibawa ngaliwatan panto sakumaha ilaharna moal bisa, da heurin téa jalan kaluar tina panto mah.[9] Anu bener deui: Cianjur. Memang éta kota/wewengkon ayeuna jadi rada tiiseun.[9] Sababna tangtu ku lantaran geus aya jalan tol Purbaleunyi anu ngabalukarkeun lalar liwat kandaraan Bandung-Jakarta jeung sabalikna leuwih rame ngaliwatan éta jalan tol tinimbang ngaliwatan Cianjur.[9] Tapi, moal boa, prediksi "katalanjuran" téh ogé pikeun ngingetkeun yén Cianjur bisa waé dicapluk ku DKI Jakarta dina konsép (anu dipaksakeun) megapolitan téa.[9]
Kila-kila
[édit | édit sumber]Kila-Kila, nyaéta totondén ti alam kana naon-naon anu bakal kajadian ku urang.[9] Jalma-jalma nu hirup tiheula saméméh urang nyaéta kolot atawa karuhun urang leuwih dalit jeung alam.[9] Manusa miara alam nya kitu ogé alam miara manusa.[9] Nya salah sahijina ku ayana sasatoan anu méré totondén siga kieu téa. Cenah :
- Sora manuk sit uncuing = bakal aya nu maot
- Sora hayam jago lain wayahna = rék aya nu reuneuh
- Sora manuk bueuk tengah peuting = bakal aya wanoja nu lalagasan tapi kakandungan alias reuneuh tapi acan kawin.
- Sora manuk bebencé = Ceuk cenah lamun ngadéngé sora bebencé di lembur, tanda aya bangsat keur kukulamprengan néangan palingeun. Urang lembur kudu taki-taki, ulah saré tibra teuing
- Aya kukupu hiber di jero imah = rék aya tamu
- Ngimpi newak lauk = rek meunang duit
- Kekenudan panon kénca = rek manggih kasedih
- Kekenudan panon katuhu = rek manggih kabagjaan
- Murag bulu mata = aya nu sono ka urang
- Lamun panas ceuli = aya nu ngomongkeun.[9]
Ageman
[édit | édit sumber]Masarakat Sunda henteu kawas lolobana masarakat anu séjén, di mana masarakat Sunda henteu miboga mitos ngeunaan panyiptaan atawa mitos-mitos séjén anu ngécéskeun asal-usulna.[10] Henteu saurang ogé weruh ti mana datangna urang Sunda, ogé kumaha maranéhanana nyicingan di Jawa Barat.[10] Jigana dina abad-abad kahiji Masehi, sajumplukan leutik suku Sunda maluruh leuweung-leuweung gunung sarta ngalakonan budaya ngahuma pikeun muka leuweung.[10]
Kabéh mitos pangmimitina ngomong yén urang Sunda leuwih pantes gawé ngahuma batan patani paré.[10] Ageman masarakat Sunda baheula nyaéta ageman pituin urang Sunda nyaéta Sunda wiwitan.[10] Sanajan mustahil pikeun nyaho sacara pasti kawas naon kapercayaan Sunda wiwitan jeung iraha tumuwuhna, tapi numutkeun pituduh nu kapanggih dina wawacan sarta suku Baduy nyebutkeun yén ageman maranéhanana nyaéta Sunda Wiwitan (urang Sunda anu pangheulana).[10] Lain ngan suku Baduy anu ampir leupas ti elemen- elemen Islam, tapi suku Sunda ogé nempokeun karakteristik Hindu anu saeutik pisan.[10]
Kaayeunakeun masarakat Sunda kiwari geus loba anu kapangaruhan ku agama islam malah ampir kabéh, tapi lain hartina ageman sunda wiwitan leungit.[10] Kiwari ageman sunda wiwitan dipaké ku sawatara masarakat Sunda saperti masarakat Baduy.[10] Iwal ti éta ageman anu masih hirup di masarakat sunda kiwari nyaéta upacara-upacara asat saperti sérén taun, pésta rakyat jsb.[10]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Julia, Heri Herdini, J. (2018). Orientasi Estetik Gaya Pirigan Kacapi Indung dalam Kesenian Tembang Sunda Cianjuran di Jawa Barat. Jakarta: UPI Sumedang Press. p. 61. ISBN 9786026438171. Diakses tanggal (disungsi – 22 Mei 2020).
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p (id)kasundaan[tumbu nonaktif].( diaksés tanggal 24 Oktober 2011)
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o (id)Edi S Ekadjati. Kebudayaan Sunda Jilid 1. PT Pustaka Jaya. Jakarta 2005.
- ↑ a b c d e (id)Edi S Ekadjati. Kebudayaan Sunda Jilid 2. PT Pustaka Jaya. Jakarta 2009.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa (id)Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.
- ↑ a b c d e f g h Budi Rahayu. Kamus Undak-usuk Basa Sunda. Geger Sunten 2007. Bandung.
- ↑ a b Ajip Rosidi. Polemik Undak-usuk Basa Sunda. Mangle . Bandung 1987.
- ↑ a b c d e James, Danandjaja. Folklor Indonesia. Pustaka Utama Graffiti. Jakarta 2007.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u Edi S. Ekadjati. Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya .Girimukti Pasaka. Jakarta 1984.
- ↑ a b c d e f g h i j (id)suku sunda[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 26 Oktober 2011)