26 Januari

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

26 Januari nyaéta poé ka-26 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 339 poé (340 dina taun kabisat).

Kajadian[édit | édit sumber]

  • 1500Vicente Yáñez Pinzón jadi urang Éropa munggaran nu nincekkeun sukuna di Brasil.
  • 1564 – Déwan Trent ngadegkeun pangbéda resmi antara Katolik Roma jeung Protéstan.
  • 1565 – Patempuran Talikota, lumangsung antara Karajaan Vijayanagara jeung Kasultanan Dekkan, nungtun kana panalukan karajaan Hindu pamungkas di India sarta panerapan hukum Islam di ampir sakuliah India.
  • 1788 – Kapal perang Inggris Kahiji, pingpinan Arthur Phillip, balayar ka Darmaga Jackson (Palabuan Sydney) pikeun ngawangun Sydney, padumukan permanén Éropa nu munggaran di Australia. Dipiéling minangka Poé Australia.
  • 1841James Bremer ngapimilik Pulo Hong Kong sacara rasmi dina naon nu kiwari disebut minangka Poin Kapamilikan, ngadegkeun Hong Kong Inggris.
  • 1885 – Pasukan nu satia ka Kelompok Mahdi nalukeun Khartoum, nelasan Gupernur Jéndral Charles George Gordon.
  • 1905 – Inten panggedé-gedéna di dunya, the Cullinan nu beuratna 3.106,75 karat (0,621350 kg), katimu di Tambang Premier di deukeut Pretoria, Afrika Kidul.
  • 1911 – Glenn Curtiss ngapungkeun kapal udara laut Amérika munggaran.
  • 1915Taman Nasional Pagunungan Rocky diadegkeun ku hiji akte ti Kongrés AS.
  • 1918 – Perang Sodara Finlandia: Sakelompok urang Pangawal Beureum ngagantung saurang anggota Lantera Beureum saluhuren Balé Pagawé Helsinki pikeun nandakeun awal perang.
  • 1920 – Manten éksékutif Pausahaan Motor Ford, Henry Lelang medalkeun Pausahaan Motor Lincoln nu jagana dijual ku manéhna ka manten dununganna.
  • 1934 – Pakta Non-Agrési Jérman-Polandia ditanda tangan.
  • 1942Perang Dunia II: Pasukan AS kahiji nepi ka Éropa, ngadarat di Irlandia Kalér.
  • 1945 – Perang Dunia II: Audie Murphy nunjukeun tékad jeung wawanénna dina perang nu antukna manéhna bakal dileler ku Madali Kahormatan.
  • 1949 – Teleskop Hale di Observatorium Palomar munggaran dipaké dina apingan Edwin Hubble, jadi teleskop optik nu ngabogaan aperture panglegana (nepi ka dijieunna BTA-6 di taun 1976).
  • 1950 – Konstitusi India mimiti lumaku, ngawangun hiji nagara républik. Rajendra Prasad dicokot sumpahna minangka présidén kahiji India. Kiwari dipiinget minangka Poé Républik di India.
  • 1956Uni Soviét nyérénken deui Porkkala ka Finlandia.
  • 1972 – Pasawat JAT 367, DC-9,  diancurkeun ku hiji bom téroris, nelasan 27 tina 28 jalma sajeroeunna. Panumpang Vesna Vulović salamet sanajan tatu parna.
  • 1980Israél jeung Mesir ngawangun hubungan diplomatik.
  • 1986 – Pamaréntahan Tito Okello di Uganda diruntuhkeun ku Tentara Patahanan Nasional nu dipingpin ku Yoweri Museveni.
  • 1991 – Mohamed Siad Barre diléngsérkeun tina kakawasaan di Somalia, mungkas pamaréntahan sentralisasi sarta digantikeun ku Ali Mahdi.
  • 1992Boris Yeltsin ngabéwarakeun yén Rusia bakal eureun ngécéngan kota-kota Amérika ku sanjata nuklir.
  • 2001 – Lini 7,7 Mw Gujarat ngoyagkeun India Kulon ku inténsitas Mercalli maksimum X (Ekstrim), welasan rébu palastra sastra 160 rébuan taratu.
  • 2009 – Pakéwuh lumangsung di Antananarivo, Madagaskar, ngabekéskeun krisis pulitik nu bakal ngujung panggantian Présidén Marc Ravalomanana ku Andry Rajoelina.
  • 2015 – Hiji kapal udara ragrag di Pangkalan Udara Los Llanos di Albacete, Spanyol, nelasan sabelas jalma jeung nyideraan 21 lianna.
  • 2020 – Béntang baskét NBA, Kobe Bryant katut budak awéwéna, Gianna tur sababaraha urang lianna nemasing pati nalika helikopter nu ditaékanna murag di Calabasas, California, AS.

Nu babar[édit | édit sumber]

Nu pupus[édit | édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]

Tumbu luar[édit | édit sumber]