1 Nopémber
Pidangan
(dialihkeun ti 1 Nopember)
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
|
1 Nopémber nyaéta poé ka-305 dina sataun (ka-306 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 60 poé.
Kajadian
[édit | édit sumber]- 1009 – Pasukan Barbar pimpinan Sulaiman bin al-Hakam ngéléhkeun Khalifah Umayyah Muhammad II ti Kordoba dina patempuran Alcolea.
- 1520 – Selat Magellan kiduleun Amérika Kidul nu ngahubungkeun Samudra Pasifik jeung Atlantik mimiti katimu jeung karambah ku pangjalajah Ferdinand Magellan dina ékspédisi ngulilingan dunya ka hiji.
- 1755 – Di Portugis, Lisabon bener-bener burakrakan alatan ditarajang gempa jeung tsunami rohaka, korban palastra antara 60.000 nepi ka 90.000 jalma.
- 1805 – Napoléon Bonaparte nyerang Austria dina Perang Koalisi Katilu.
- 1814 – Kongrés Wina dibuka pikeun ngaréka ulang peta Éropa sabada éléhna Perancis dina Perang Napoléon
- 1896 – Gambar nu némbongkeun pinareup nu boléklak munggaran kaluar dina majalah National Geographic.
- 1911 – Pangeboman udara munggaran dina patempuran di dunia, lumangsung di Libya dina Perang Itali - Turki. Letnan dua Giulio Gavotti ti Itali muragkeun sababaraha bom.
- 1922 – Pamupusan Kasultanan Turki Ustmani: sultan pamungkas Mehmed VI léngsér.
- 1937 – Kaum Stalinis ngaéksékusi Pastur Paul Hamberg jeung tujuh anggota komunitas Lutheran Azerbaijan.
- 1942 – Serangan Matanikau dimimitian dina Kampanye Guadalcanal dina Perang Dunia II. Amérika nyerang Pasukan Jepang di sabudeureun Leuwi Matanikau jeung Aréa Titik Cruz di Pulo Gudalacanal. Lumangsung tilu poé pikeun kameunangan Amérika.
- 1943 – Patempuran Basisir Ratu Augusta dina Perang Dunia II. Divisi katilu Marinir AS ngadarat di Pulo Bougainville di Kapuloan Solomon pikeun nyerang Pasukan Jepang. Sajaba ti éta kapal induk AS nyerang markas Jepang di Rabaul.
- 1948 – Genep rebu jalma palastra sabada hiji kapal dagang Cina tilelep di kiduleun Manchuria.
- 1950 – Nasionalis Puerto Riko Griselio Torresola jeung Oscar Collazo nyoba maténi Présidén AS Harry S. Truman di Gedong Blair.
- 1952 – AS hasil ujicoba nuklir Ivy Mike di atol Eniwetok. Beleduganna satara jeung 10 megaton TNT.
- 1955 – Perang Viétnam dimimitian.
- 1955 – Pasawat Douglas DC-6B nu Amérika ngajelegur alatan bom di Longmont, Kolorado. Tilu puluh salapan panumpang jeung lima kru maraot.
- 1963 – Kudéta di Viétnam Kidul. Présidén Ngô Đình Diệm dikudéta ku sakelompok Tentara Républik Viétnam.
- 1970 – Klub Cinq-Sept di Saint-Laurent-du-Pont, Perancis, kahuruan. Nelasan 146 rumaja.
- 1979 – Kudéta badarah di Bolivia, ku Kolonél Alberto Natusch ka pamaréntahan konstitusional Wálter Guevara.
- 1981 – Antigua jeung Barbuda merdéka ti Britania Raya.
- 1982 – Honda jadi pausahaan mobil Asia munggaran nu ngaproduksi mobil di AS ku muka pabrik di Marysville, Ohio. Honda Accord minangka mobil munggaran nu diproduksi di dinya.
- 1993 – Pasini Maastricht mimiti éféktif, sacara résmi ngadegkeun Uni Éropa.
- 1999 – Bank Indonésia medalkeun duit kertas Rp. 100.000,- nu munggaran.
- 2012 – Treuk béngsin nabrak jeung ngabeledug di puseur dayeuh Arab Saudi, Riyadh, nelasan 26 jalma sarta natuan 135.
Nu babar
[édit | édit sumber]- 1762 – Spencer Perceval, perdana menteri Inggris Raya (td. 1812)
- 1782 – F. J. Robinson, perdana menteri Inggris Raya (td. 1859)
- 1937 – Titiek Puspa, musisi senior Indonésia
- 1949 – David Foster, musisi Kanada
- 1960 – Tim Cook, CEO Apple Inc.
- 1962 – Anthony Kiedis, vokalis Red Hot Chilli Peppers
- 1963 – Rick Allen, panabeuh dram Inggris (Def Leppard)
- 1963 – Mark Hughes, pamaén bola jeung manajer Wales
- 1973 – Aishwarya Rai Bachchan, modél jeung artis India
- 1973 – Cut Tari, pamaén sinétron
Nu pupus
[édit | édit sumber]- 1972 – Robert MacArthur, akademisi jeung ahli ekologi Amérika kalahiran Kanada (l. 1930)
Poé peré / poé pangingeut-ngingeut
[édit | édit sumber]- Poé Paduli Sindrom Lennox-Gastaut Intérnasional
- Poé Végetarian Sadunya
Tumbu luar
[édit | édit sumber]
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |