Pranata mangsa
Pranata mangsa téh nyaéta péréléan ngaran usum-usuman dina jero sataun, pangpangna perlu dikanyahokeun ku patani baheula.[1]
Kasa (kahiji)
[édit | édit sumber]Mangsa kahiji mimitina ti tanggal 21 Juni nepi ka 31 Juli, lilana 41 poé.[1] Cicirénna: angin datangna ti kalér wétan, loba tatangkalan nu murag daunna, sato-sato laleutik kayaning jangkrik jeung sajabana endogna malegar, kaayaan hawa ti beurang karasana kacida panasna ari ti peuting tiris, lauk di walungan henteu laliar, kaayaan taneuh panas, béntang wuluku aya di beulah wétan, kalangkangna nepi ka kidul. Mangsa ieu mah lain waktu keur tatanén sabab usum halodo.[1]
Karo (kadua)
[édit | édit sumber]Mangsa kadua mimitina tina tanggal 1 Agustus nepi ka tanggal 23 Agustus, lilana 23 poe. Perlambangna: beutule rengko tanah beulah.[1] Cicirenna: Angin datangna ti kidul kaler nuju ka kulon, ti beurang tetep panas ti peuting tiris, taneuh gararing nepi ka beulah, solokan, walungan, jeung sumur caina orot, kadang-kadang aya anu saraat, tatangkalan barijil daun anyar (pucukan) saperti tangkal karet, atawa jeruk, isuk-isuk bentang wuluku aya di wetan, tatangkalan bungbuahan mimiti karembangan.[1] Nu pepelakan palawija ngurangan, kajaba nu umurna pondok saperti bonteng, jaat, atawa oyong. Patani mimiti miara solokan pikeun kapentingan sawahna.[1]
Katiga (katilu)
[édit | édit sumber]Katiga (katilu). Mangsa katilu mimitina ti tanggal 24 Agustus nepi ka tanggal 16 September, lilana 24 poe.[1] Perlambangna: akar-akar mimiti barijil. Cicirenna: angin datangna ti kaler, hawa mimiti tiis tapi karasana seger, tatangkalan daraunan, palawija sedeng dipanen (diala hasilna), di sawah rata-rata nyurup caina tapi tempo-tempo geus aya anu tebar pare. Mangsa ieu waktuna pamupukan pepelakan anu umurna panjang saperti kalapa, kadu, rambutan, peuteuy, cau, jeung sabangsana.[1]
Kapat (kaopat)
[édit | édit sumber]Kapat (kaopat). Mangsa kaopat mimitina ti tanggal 17 September nepi ka tanggal 11 Oktober, lilana 25 poe.[1] Perlambangna: gumading resmi (gumbira). Cicirenna: Angin datangna ti kulon niupna muter nimbulkeun hujan atawa datangna hujan, mimiti kadenge sora gugur, sasatoan anu sukuna opat baleger (birahi), manuk-manuk nyarieun sayang rek ngendog, lauk di walungan tina liang-liang leuwi kalaluar (liar), tangkal randu baruahan tempo-tempo geus aya anu kolot buahna, gadung mimiti nyareng, patani sibuk panen palawija jeung ngagarap sawahna.[1]
Kalima
[édit | édit sumber]Mangsa kalima mimitina ti tanggal 12 Oktober nepi ka tanggal 7 Nopémber, lilana 27 poé. Perlambangna: pancuran sumawir ing jagat (usum hujan).[1] Cicirénna: Angin niupna tarik, datangna ti kalér kulon bareng jeung hujan, ari hujan datangna soré-soré atawa isuk-isuk, tatangkalan loba anu raruntuh kaanginan, siraru mimiti kalaluar tina hunyurna, ogé bongborosan mimiti jadi, tangkal asem mimiti bijil daun anyar, patani giat ngurus huma, sabangsa oray jeung ulam mimiti kalaluar, ogé laleur halaliber.[1] Tebar paré jero bulan Nopémber. Sawah mimiti ditanduran, sabagian patani sibuk ngatur ngagarap sawahna, ogé tebar. Béntang wuluku katémbongna pasosoré. Mangsa ieu waktuna ngagarap sawah.[1]
Kanem (kagenep)
[édit | édit sumber]Mangsa kagenep mimitina ti tanggal 8 Nopémber nepi ka tanggal 20 Désémber, lilana 43 poé.[1] Perlambangna: nikmating rasa (ngarasakeun kanikmatan). Cicirénna: Angin niupna tarik, datangna ti kulon, hujan loba, buah rambutan, kadu, dukuh, manggah geus arasak. Béntang wuluku katémbong pasosoré, sawah anu cukup caina waktuna dirambét munggaran, malah di pagunungan mah masih aya kénéh nu keur ngagarap sawahna, sabangsa kutu kuya getok, peupeundeuyan keur arendogan.
Kapitu (katujuh)
[édit | édit sumber]Mangsa katujuh mimitina ti tanggal 21 Désémber nepi ka tanggal 1 Pébruari, lilana 43 poé.[1] Perlambangna: guci pecah ing lautan (guci beulah di laut). Cicirénna: Hujan loba nepi ka timbul banjir, di sawah pagunungan bisa ditanduran, angin datangna ti kulon sarta teu tetep, hawa tiis, cai di sawah ngarepér saperti ngagolak, hiji tanda yén taneuh masih panas, sabangsa manuk teu pati disarada, kini-kini, kuang-kuang, getok jeung peupeundeuyan aranakan, béntang wuluku katémbongna pasosoré. Biasana dina mangsa ieu usum panyakit. Di sawah pagunungan masih aya nu keur talandur; jagong jeung kacang di huma meujeuhna diala hasilna.
Kawalu (kadalapan)
[édit | édit sumber]Mangsa kadalapan mimitina ti tanggal 2 Pébruari nepi ka tanggal 28 Pebruari, lilana 27 poé.[1] Perlambangna: puspo anjrah (jeroning kayung seungit sajeroning haté). Cicirénna: angin datangna ti kalér kulon niupna muter, hujan mimiti rada ngurangan, sabangsa bangbung, légé, kutu kuya hihiberan ka ditu ka dieu, kuuk kalaluar, ucing balalegér. Dina mangsa ieu waktuna pepelakan umur panjang. Paré di huma mimiti bareukah.
Kasongo (kasalapan)
[édit | édit sumber]Mangsa kasalapan mimitina ti tanggal 1 Maret nepi ka tanggal 25 Maret, lilana 25 poé.[1] Perlambangna: wedaling wacono (timbul babasaan). Cicirénna: angin datangna ti kidul, témpo-témpo isuk-isuk sarta ngaruksak kana paré nu keur beukah, hujan beuki kurang tapi sora gugur loba, tonggérét, kasir disarada. Loba panyakit panas, koréng, atawa nyeri beuteung. Paré huma geus konéng sarta aya nu keur dipanén, nya kitu deui di sawah sawaréh geus mimiti dipanén.
Kadasa (kasapuluh)
[édit | édit sumber]Mangsa kasapuluh mimitina ti tanggal 26 Maret nepi ka tanggal 17 April, lilana 23 poé.[1] Perlambangna: gedong ukeb jeroning kalbu (gedong jero haté). Cicirénna: angin datangna ti wétan kidul, sasatoan keur rareuneuh, sabangsa manuk récét disarada, sawaréhna nyarieun sayang. Di pagunungan paréna geus arasak sarta sawaréh paranén, anu subur ku cai mah sawahna keur digarap, sarta mimiti tebar.
Desta (kasawelas)
[édit | édit sumber]Mangsa kasawelas mimitina ti tanggal 18 April nepi ka tanggal 10 Méi, lilana 23 poé.[1] Perlambangna: pamungkas sinorowedi (patani sibuk panén). Cicirénna: angin datangna ti kidul wétan, hawa panas, jeung taneuh panas, hama kungkang mimiti ngaruksak pepelakan di sawah atawa di huma, tatangkalan mimiti daunna marurag. Mangsa ieu masih waktuna pepelakan palawija umur pondok. Di sawah sibuk tatandur atawa aya ogé anu malawija saperti melak bako,jagong, jeung sabangsana.
Sada (kaduawelas)
[édit | édit sumber]Mangsa kaduawelas mimitina ti tanggal 11 nepi ka tanggal 21 Juni, lilana 41 poé.[1] Perlambangna: tirta syaking saseno (cai ninggalkeun tempatna). Cicirénna: angin datangna ti wétan, hawa ti beurang panas, ari ti peuting tiis (tiris) teu pati kaluar kesang, dangdaunnan lalayu teu tahan panas, loba panyakit malaria, jalan ngebul, ari watek jelema babari napsu, datang hama paré. Mangsa ieu waktuna tebar nyadon atawa melak palawija.
Artikel ngeunaan Wanci ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |