Préféktur Gifu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Préféktur Gifu (岐阜県 Gifu-ken)
Map of Japan with Gifu highlighted
Ibukota Gifu
Wewengkon Chūbu
Pulo Honshū
Gubernur Hajime Furuta
Lega 10,598.18 km² (7th)
 - % cai 0.2%
Populasi  (1 Oktober, 2000)
 - Populasi 2,107,687 (18th)
 - Kapadetan 199 /km²
Jumlah Distrik 9
Jumlah Kota Administrasi 42
ISO 3166-2 JP-21
Ramatloka www.pref.gifu.lg.jp
Lambang Préféktur
 - Kembang Chinese milk vetch
(Astragalus sinicus)
 - Tangkal Japanese yew
(Taxus cuspidata)
 - Manuk Rock ptarmigan
(Lagopus muta)
Symbol of Gifu Prefecture
Lambang Préféktur Gifu
Peta Préféktur Gifu.

Préféktur Gifu (岐阜県 Gifu-ken), lokasi di wewengkon Chūbu bagian tengah Jepang. Ibukota Propinsina nyaeta Kota Gifu. Posisina di puseur Jepang, éta miboga hal penting minangka sisimpangan Jepang, nyambungkeun wétan ka kulon. Salila période Sengoku, réa nu nyebutkeun yen, "ngawasa Gifu hartina anjeun ngawasa Jepang."

Sajarah[édit | sunting sumber]

Wewengkon Gifu kiwari mangrupa bagean tina periode Yamato kira-kira panengah abad kaopat. Sabab ayana di tengah-tengah pulo Honshu, kawentar sabage tempat perang dina Sajarah Jepang, catetan perang pangkolotna nyaeta Perang Jinshin dina taun 672, nu ngajadikeun Kaisar Temmu salaku kaisar Jepang ka-40.

Wewengkon di Préféktur Gifu nyaeta propinsi heubeul Hida jeung Mino, bagean leutik ti Propinsi Echizen jeung Propinsi Shinano. Ngaran ieu préféktur asalna tina ngaran ibukota propinsi nyaeta, Gifu, ngaran kota nu dipake ku Oda Nobunaga sawaktu kampanye ngahijikeun Jepang dina taun 1567.[1] Karakter mungaran dina ngaran Gifu asalna tina Qishan (岐山), gunung legenda nu dipake sawaktu Cina ngahiji, sedengkeun karakter kadua tina Qufu (曲阜), tempat lahirna Konghucu.[2] Nobunaga milih ngaran éta alatan manéhna hayang ngahijikeun sakuliah Jepang sarta manéhna hayang dianggap boga pamikiran nu rongkah.

Nurutkeun sajarah, Préféktur Gifu boga fungsi minangka puseur tempat nyieun pedang di sakumna Jepang, jeung Seki dipikanyaho tempat nyieun pedang pangalusna di Jepang. Kiwari, Gifu kawentar oge dina mode (utamana di dayeuh Gifu) sarta téknik roket (inggris: aerospace) di Kakamigahara.

Dina tanggal 28 Oktober 1891, kiwari kota Motosu nyaeta tempat epicenter Lini Mino-Owari, lini panggedena nu pernah kajadian di Jepang.[3] Ditaksir kira-kira 8.0 skala Richter nu nyababkeun kabeulahna taneuh nu bisa ditempo nepi ka kiwari.

Geografi[édit | sunting sumber]

Salah sahiji propinsi di Jepang nu aya di daratan bagean jero, Propinsi Gifu diwatesan ku tujuh propinsi sejen nyaeta : Propinsi Aichi, Fukui, Ishikawa, Mie, Nagano, Shiga jeung Toyama. Kode pos di Jepang, dimimitian ku tilu nomer, antara 001 nepi ka 999. Bageam Gifu mimiti ti 500, salah sahiji bukti yen Gifu ayana di tenah-tengah Jepang.

Wewengkon[édit | sunting sumber]

Préféktur Gifu kabagi kana 5 wewengkon, nu ngabogaan wewenang sorangan keur ngamajukeun daerahna. Lima wewengkon ieu nyaeta Seinō (西濃), Gifu (岐阜), Chūnō (中濃), Tōnō (東濃) jeung Hida (飛騨).

Topografi[édit | sunting sumber]

Di beulah kaler nyaeta wewengkon Hida mangrupa gunung-gunung nu jangkung, bagean ti Japanese Alps. Di beulah kidul nyaeta wewengkon Mino mengrupa daerah subur di Dataran Nobi, wewengkon nu hade keur tatanen. Masarakat Gifu, lolobana hirup kumbuh di beulah kidul, deukeut ka kota metropolitan Nagoya.

Gunung-gunung di wewengkon Hida kaasup kana Pagunungan Hida, nu disebut oge "Northern Alps," jeung Pagunungan Kiso, nu disebut oge "Central Alps" di Japan. Pagunungan Ryohaku oge aya di wewengkon Hida. Nu sejenna nyaeta Pagunungan Ibuki jeung Pagunungan Yoro.

Wewengkon Mino ditutupan ku dataran aluvium ti Tilu Walungan Kiso, nyaeta Walungan Ibi, Walungan Kiso jeung Walungan Nagara. Sumber cai sakabeh ieu walungan aya di Préféktur Nagano tur ngalir ngaliwatan Préféktur Aichi jeung Mie samemeh ngamuara ka Basisir Ise. Walungan utama sejenna nyaeta walungan Jinzū, Takahara, Shō, Shōnai, Yahagi jeung Ishitoro.

Iklim[édit | sunting sumber]

Sabab wewengkon Mino dikurilingan ku gunung-gunung nu pendek, naek turun suhu kajadian sapanjang taun, ti usum panas nepi ka usum tiris. Upamana, kota di beulah wetan nyaeta Tajimi, geus ilahar ngalaman hawa pangpanasna sa Jepang dina unggal taun, dina 16 August, 2007, kacatet hawa pangpanasna sa Jepang nu pernah kajadian nyaeta --40.9 degrees Celsius.[4] Usum panas jadi leuwih panas sabab ieu wewengkon mangrupa tempat nu katutupan ku gunung-gunung, saterusna bakal leuwih panas sawaktu, angin foehn datang ngaliwatan Pagunungan Ibuki di wewengkon Kansai. Wewengkon Hida, nu mangrupa pagunungan, ilaharna leuwih tiris tinimbang wewengkon Mino, sanajan kadangkala leuwih panas oge. Shōkawa-chō, kacamatan di kota Takayama, aya di pagunungan tur ieu kacamatan ngarupakeun tempat pangtirisna di pulo Honshū.

Ekonomi[édit | sunting sumber]

Wisata[édit | sunting sumber]

Imah tradisional di Shirakawa-gō

Gifu miboga réa atraksi wisatawan populer, nu aya di sakabéh bagian prefecture. Tempat anu pang populer nyaéta Gifu, Gero, Shirakawa sarta Takayama. Gifu kawéntar pikeun nguseup make manuk, anu miboga sajarah leuwih 1.300 warsih, minangka sajarah panjang boh Oda Nobunaga atawa Saitō Dōsan. Gero dipikanyaho pikeun cinyusu panasna paragi santai, anu narik wisatawan sapanjang warsih. Désa sajarah Shirakawa nyaéta Tempat Titilar Dunya UNESCO. Takayama kawéntar alatan kota aslina sarta mindeng disebut Kyoto Leutik.

Salian ti wewengkon wisata internasional, Gifu ogé jadi tuan rumah sababaraha kagiatan internasional. World Event sarta Convention Complex Gifu biasa dipake keur ngayakeun rupa-rupa kagiatan internasional. Widang séjén kagiatan internasional, kawas dina 2005 Kejuaraan Ngawelah Parahu Sadunya diayakeun di dayeuh Kaizu.

Kota-kota[édit | sunting sumber]

Dua puluh hiji kota aya di Préféktur Gifu nyaeta:

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Stone ledger in front of Kashimori Shrine. Erected by Kashimori Shrine.
  2. Gifu tour guide - Outline of Gifu Prefecture. Gifu Prefecture Tourist Federation. Accessed September 9, 2007.
  3. Mino Earthquake. Tokyo Science Museum. Accessed July 5, 2007.
  4. Gifu Prefecture sees highest temperature ever recorded in Japan - 40.9 - Japan News Review

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]