Samoa Amérika (/əˈmɛrɨkən səˈmoʊ.ə/ (
dangukeun); basa Samoa: Amerika Sāmoa; ogé Amelika Sāmoa atanapi Sāmoa Amelika) mangrupakeun hiji téritori nu teu kagabung ti Amérika Sarikat; aya di Samudra Pasifik Kidul, tenggaraeun Samoa (nu baheula kawanoh salaku Samoa Kulon). Pulo nu utama (panggedéna jeung panglobana padumukna) nya éta Tutuila, kalawan Kapuloan Manuʻa, Atola Rose, jeung Pulo Swains kaasup dina téritori ieu.
Samoa Amérika mangrupakeun bagian ti ranté Kapuloan Samoa, aya di kuloneun Kapuloan Cook, kaléreun Tonga, jeung kira-kira 500 km kiduleun Tokelau. Ka kulon nya éta grup kapuloan Wallis jeung Futuna. Sénsus taun 2000 nerangkeun yén total populasina nya éta 57.291 urang.[1]
Babagian administratif [édit]
Administratifna, Samoa Amérika dibagi kana tilu distrik - Distrik Wétan, Distrik Kulon, jeung Distrik Manu'a - jeung dua atol nu "teu kaorganisasi", Pulo Swains jeung Atol Rose. Distrik jeung atol nu teu kaorganisasi dibagi deui kana 74 désa. Pago Pago—ibu kota Samoa Amérika[2]—mangrupakeun salahsahiji désa nu panggedéna jeung aya dina bagian wétan pulo Tutuila di distrik #9 County Ma'oputasi. Fagatogo didaptarkeun dina Konstitusi Samoa Amérika salaku kadudukan pamaréntah nu resmi, tapi sanés ibu kotana.[3][4][5]
Tempo ogé [édit]
Réferénsi [édit]
Bibliograpi [édit]
- Ellison, Joseph (1938). Opening and Penetration of Foreign Influence in Samoa to 1880. Corvallis: Oregon State College.
- Sunia, Fofo (1988). The Story of the Legislature of American Samoa. Pago Pago: American Samoa Legislature.
- Meti, Lauofo (2002). Samoa: The Making of the Constitution. Apia: Government of Samoa.
Tumbu kaluar [édit]
Koordinat: 14°18′S 170°42′W / -14.3, -170.7