Féderasi Mikronésia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Mikronésia ngalih ka dieu. Pikeun guna lian ti Mikronésia, tempo Mikronésia (disambiguasi)
Federated States of Micronesia
Féderasi Mikronésia
Bandéra Féderasi Mikronésia Lambang Féderasi Mikronésia
Motto
Peace Unity Liberty
Lagu

"Patriots of Micronesia"
Location of Féderasi Mikronésia
Ibu kota Palikir
6°55′N 158°11′E
Kota panggedéna Weno
Basa resmi Inggris (nasional; basa wewengkon dipaké dina tingkat nagara bagian jeung kota)
Démonim Micronesian
Pamaréntah Républik féderasi démokratik présidénsial
 -  Présidén Manny Mori
 -  Wakil Présidén Alik L. Alik
Kamerdikaan
 -  ti AS (Wewengkon Trust) 3 Nopémber 1986 
Aréa
 -  Total 702 km² (ka-188)
271 mil² 
 -  Cai (%) tiasa teu dipadulikeun
Populasi
 -  Perkiraan  2009 111.000[1] (ka-181)
 -  Sénsus 2000 107.000 
 -  Kapadetan 158,1 /km² (ka-66)
409,6 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2009
 -  Total $341 yuta (ka-176)
 -  Per kapita $2.664 (ka-117)
HDI (2010) 0,614[2] (sedeng) (ka-103)
Mata uang Dolar Amérika Sarikat (USD)
Zona wanci (UTC+10 jeung +11)
 -  Usum panas (DST)  (UTC+10 jeung +11)
TLD Internét .fm
Kode telepon +691
1 GDP ditambih ku dana bantosan, raratana kira-kira $100 juta per taun (pakiraan 2002).
2 Pakiraan 2002.

Féderasi Mikronésia (/ˌmaɪkroʊˈniːʒə/ ( dangukeun)) mangrupakeun hiji nagara kapuloan daulat, merdika, diwangun ti opat nagara bagian ti kulon ka wétan: Yap, Chuuk, Pohnpei, jeung Kosrae. Nagara ieu miboga kira-kira 607 pulo jeung aréa +700 km2 dina Samudra Pasifik Kulon.

Babagian administratif[édit | sunting sumber]

Peta Féderasi Mikronésia

Opat nagara bagian dina féderasi nya éta:

Bandéra Nagara bagian Ibu kota Gubernur ayeuna Aréa Populasi[3] Kapadetan
populasi
km²[4] mil² per km²[3] per mil²
Flag of Chuuk.svg Chuuk Weno Johnson Elimo 127 49,2 54.595 420 1088
Flag of Kosrae.png Kosrae Tofol Lyndon Jackson 110 42,6 9.686 66 170
Flag of Pohnpei (1977-1992).gif Pohnpei Kolonia John Ehsa 345 133,2 34.685 98 255
Flag of Yap.svg Yap Colonia Sebastian Anefal 118 45,6 16.436 94 243

Nagara-nagara bagian teras dibagi deui kana kotamadya.

Transportasi[édit | sunting sumber]

Féderasi Mikronésia miboga opat bandar udara internasional.

Démografi[édit | sunting sumber]

Populasi asli Féderasi Mikronésia, nu kalobaannana urang Mikronésia, diwangun ti rupa-rupa grup étnolinguistik. Chuuk 48.8%, Pohnpei 24.2%, Kosrae 6.2%, Yap 5.2%, kapuloan luar Yap 4.5%, Asia 1.8%, Polinésia 1.5%, nu lian 6.4%, teu kawanoh 1.4%. Minoritas nu lumayan gedé miboga ogé katurunan Jepang, nu mangrupakeun hasil campuran antara urang Jepang jeung Mikronésia nalika wayah panjajahan Jepang.[5]

Aya ogé populasi ékspatriat nu mekar di antarana urang Amérika, Australia, Éropa, jeung padumuk ti Cina jeung Pilipina ti wayah 1990. Basa Inggris geus jadi basa umum pamaréntah, jeung pikeun atikan sékundér jeung térsiér. Di luar kota utama ti opat nagara bagian, basa daérah dipaké sacara utama. Kamekaran populasi tetep luhur dina 3% per taun, rada disaimbangan ku émigrasi.

Budaya[édit | sunting sumber]

Hiji conto uang batu Yap nu gedé (kira-kira 2.4 m luhurna) (Batu Rai) di désa Gachpar.
Searchtool.svg
 Tingali ogé: Musik Féderasi Mikronésia.

Saban opat nagara bagian miboga budaya jeung tradisina sosorangan, tapi aya ogé patalian budaya jeung ékonomi nu umum nu geus aya ti baheula. Contona, kamiripan budaya kawas kapentingan kulawaga nu kaluas tradisionalna jeung sistem klan bisa dipanggih dina sadaya kapuloan.

Kapuloan Yap katelah "uang batu"-na (Batu Rai), cakram gedé biasana ti kalsit, nepi ka 4 m diaméterna, kalawan lang di tengahna. Padumuk satempat, nyaho yén nu boga hiji, teu kudu dipindahkeun basa nu boga ganti. Aya lima jenis utama: Mmbul, Gaw, Ray, Yar, jeung Reng, nu panungtungna ngan 30 cm (12 in) diaméterna.

Basa[édit | sunting sumber]

Basa-basa di Féderasi Mikronésia kaasup basa Inggris (basa resmi jeung umum), basa Truk, basa Pohnpei, basa Yap, basa Kosrae,[6] jeung aya sababaraha basa daérah.

Literatur[édit | sunting sumber]

Ngan aya saeutik panulis ti Féderasi Mikronésia.[7] Dina 2008, Emelihter Kihleng minangka warga nagara nu kahiji medalkeun hiji kumpulan puisi dina basa Inggris.[8]

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Catetan suku[édit | sunting sumber]

  1. Department of Economic and Social Affairs Population Division (2009). "World Population Prospects, Table A.1".
  2. "Human Development Report 2010". United Nations. 5 Désémber 2010. Diakses pada 5 Nopémber 2010. 
  3. a b FSM government website - Population
  4. FSM government website - Geography
  5. President Emanuel Mori Meets With Japan Prime Minister Yasuo Fukuda; AESonline.org Pamaréntah Féderasi Mikronésia, 12 Désémber 2007
  6. CIA World Factbook
  7. "Seeking Micronesian literary writers", Marianas Variety, February 18, 2009
  8. "Micronesian Poet Publishes Collection of Poems", Office of Insular Affairs, May 12, 2008

Réferénsi[édit | sunting sumber]

  1. U.S.-CIA. CIA - The World Factbook: Federated States of Micronesia. The World Factbook. United States of America: Central Intelligence Agency. 2003.
  2. History_Federated_States_of_Micronesia[tumbu nonaktif]

Sumber[édit | sunting sumber]

  • Brower, Kenneth, Harri Peccinotti (1981). Micronesia: The Land, the People, and the Sea, Baton Rouge: Louisiana State University Press.
  • Darrach, Brad, David Doubilet (1995). "Treasured Islands". Life (August 1995): 46–53.
  • Falgout, Suzanne (1995). "Americans in Paradise: Anthropologists, Custom, and Democracy in Postwar Micronesia". Ethnology 34 (Spring 1995): 99–111.
  • Friedman, Hal M. (1993). "The Beast in Paradise: The United States Navy in Micronesia, 1943–1947". Pacific Historical Review 62 (May 1993): 173–195.
  • Friedman, Hal M. (1994). "Arguing over Empire". Journal of Pacific History 29 (1994): 36–48.
  • Hanlon, David (1998). Remaking Micronesia: Discourses over Development in a Pacific Territory, 1944–1982, Honolulu: University of Hawaii Press.
  • Hezel, Francis X. (1995). "The Church in Micronesia". America 18 (February 1995): 23–24.
  • Kluge, P. F. (1991). The Edge of Paradise: America in Micronesia, New York: Random House.
  • Malcomson, S. L. (1989). "Stranger than Paradise". Mother Jones 14 (January 1989): 19–25.
  • "Micronesia: A New Nation". U.S. News & World Report (October 15, 1984): 80–81.
  • Parfit, Michael (2003). "Islands of the Pacific". National Geographic 203 (March 2003): 106–125.
  • Patterson, Carolyn Bennett (1986). "In the Far Pacific: At the Birth of Nations". National Geographic 170 (October 1986): 460–500.
  • Peoples, James G. (1993). "Political Evolution in Micronesia". Ethnology 32 (Winter 1993): 1–17.
  • Rainbird, Paul (2003). "Taking the Tapu: Defining Micronesia by Absence". Journal of Pacific History 38 (September 2003): 237–250.
  • Schwalbenberg, Henry M., Thomas Hatcher (1994). "Micronesian Trade and Foreign Assistance". Journal of Pacific History 29 (1): 95–104.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Mangga paluruh émbaran nu langkung seueur ngeunaan Federated States of Micronesia ku jalan nyungsi proyék sawargi Wikipedia
Wiktionary-logo-en.png Définisi kamus ti Wiktionary
Wikibooks-logo.svg Buku téks ti Wikibooks
Wikiquote-logo.svg Cutatan ti Wikiquote
Wikisource-logo.svg Téks sumber ti Wikisource
Commons-logo.svg Gambar jeung média ti Commons
Wikinews-logo.svg Warta ti Wikinews
Wikiversity-logo-en.svg Sumber pangajaran ti Wikiversity
Pamaréntah
Informasi umum
Média warta
Peta
Pelesir

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Féderasi Mikronésia di Wikivoyage



Countries.png