KAI Commuter Jabodetabék

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dialihkeun ti KA Commuter Jabodetabék)
Luncat ka: pituduh, paluruh
KA Commuter Jabodetabek
Logo kcj baru.png
Informasi
Sistem Karéta api komuter
Operasi
Dibuka 6 April 1925 (ku Staats Spoorwegen, pausahaaan karéta Hindia Walanda)
15 Séptémber 2008 (ku PT KCJ, minangka KA Commuter Jabodetabék)
Pamilik Kereta Api Indonesia
Operator KA Commuter Jabodetabék
Data teknis

KA Commuter Jabodetabék atawa KRL Commuter Jabodetabék atawa KRL Commuter Line nyaéta layanan jalur karéta rél listrik anu dioperasikeun ku PT KAI Commuter Jabodetabék, anak pausahaan PT Kereta Api Indonésia.[1][2] KRL geus beroperasi di wilayah Jakarta ti mimiti taun 1976 nepi ka kiwari ngalayanan ruteu komuter di wilayah DKI Jakarta, Kota Dépok, Kota Bogor, Kabupatén Bogor, Kota Bekasi, Kabupatén Lebak, Kota Tangerang, Kabupatén Tangerang, sarta Kota Tangerang Selatan.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Kereta listrik pertama (1925), melayani jalur Tanjoeng Priok - Meester Cornelis

Wacana éléktrifikasi jalur karéta api téh geus diirong ti taun 1917 ku pausahaan karéta api milik pamaréntah Hindia Walanda Staats Spoorwegen (SS). Harita, éléktrifikasi jalur karéta api diprédiksi bakal nguntungkeun sacara ékonomi. Éléktrifikasi jalur karéta api tuluy dipilampah ti Tanjung Priuk nepi ka Meester Cornelis (Jatinegara) dimimitianna taun 1923. Ieun pangwangungan anggeusna tanggal 24 Désémber 1924.[3]

Proyék éléktrifikasi terus lumangsung. Jalur sabudeureun Jakarta anggeus diéléktrifikasi tanggal 1 Méi 1927 sarta taun 1930, éléktrifikasi jalur Jakarta - Bogor geus mimiti dioperasikeun. Karéta nu dipakéna mah nyaéta lokomotif listrik séri 3000 jieunan pabrik SLM–BBC (Swiss Locomotive & Machine works - Brown Baverie Cie), lokomotif listrik séri 3100 jieunan pabrik AEG (Allgemaine Electricitat Geselischaft) Jérman, lokomotif listrik séri 3200 jieunan pabrik Werkspoor Walanda sarta karéta listrik jieunan pabrik Westinghouse jeung karéta listrik jieunan pabrik General Electric.[3]

Éta jalur karéta nu diéléktrifikasi téh tuluy-tumuluy dipaké sarta dilegaan wilayah operasionalna ti saprak kamerdékaan Indonésia. Pangoperasian jalur karéta api di Indonésia dipilampah ku Djawatan Kereta Api Repoeblik Indonesia (kiwari minangka PTKA).

Taun 1960-an, transportasi di Jakarta aya dina katompéran. Soekarno maréntahkeun Gubernur Sudiro pikeun mupus trém listrik lantaran dianggap nyumebabkeun kamacétan. Antukna taun 1960, trém téh sagemblengna eureun dioperasikeun di Jakarta. [4] Karéta listrik gé milu dieureunkeun operasionalna dina ahir taun 1965. Satuluyna bulan Nopémber 1966, sakumna pangangkutan karéta api jurusan Manggarai - Jakarta Kota diwatesan.[5] Hal ieu patalian jeun turun nutugna panumpang sarta kondisi umum kota Jakarta nu teu kondusif. Biro Pusat Statistik nyatet, jumlah panumpang lokal nu dilayanan PN Kereta Api (PNKA) taun 1965 turun 47 persén tinimbang taun 1963. Taun 1965, ngan ukur 16.092 panumpang sapoéna téh nu maké karéta lokal.[5]

Kakara taun 1972, karéta listrik mimiti bijil deui. Harian Kompas tanggal 16 Méi 1972 ngabéwarakeun yén PNKA mesen 10 sét karéta listrik ti luar negri pikeun nyumponan kabutuhan Jakarta. Ieu tarékah dimaksudkeun pikeun ngaronjatkeun angkutan umum sarta ngurangan kamacétan nu mimiti kara ti saprak harita.[5]

KRL jeung karéta rél diesel (KRD) ti Jepang nepi di Jakarta opat taun sanggeusna, 1976. Ieu KRL-KRL bakal ngagantikeun lokomotif listrik heubeul titinggal Walanda nu dianggap geus teu layak dioperasikeun. Unggal rangkéan KRL kawengku ku opat karéta kalawan kapasitas angkut 134 panumpang per karéta.[5] Ieu KRL generasi munggaran téh satuluyna dipikawanoh minangka KRL Rheostatik sarta sacara tuluy-tumuluy ngalayanan masyarakat Jakarta nepi ka ahir pangoperasian KRL Ékonomi dina taun 2013.

Bulan Méi 2000, pamaréntah Jepang liwat JICA jeung Pamaréntah Kota Tokyo ngahinahkeun 72 unit KRL urut nu saméméhna dioperasikeun ku Biro Transportasi Metropolitan Tokyo. Ieu karéta diresmikeun tanggal 25 Agustus 2000 sarta jadi KRL nu maké paniis hawa (AC) munggaran di Indonésia.[6] Ti harita, Indonésia rutin ngadatangkeun KRL urut Jepang pikeun nguatkeun armada KRL di Jakarta.

Taun 2008 dibentuk anak pausahaan PT KA, nyaéta PT KAI Commuter Jabodetabek (KCJ), nu fokusna kana pangoperasian jalur karéta listrik di wilayah Daérah Operasional (DAOP) 1 Jabodetabek, nu harita mah miboga 37 ruteu karéta nu ngalayanan wewengkon Jakarta Raya. PT KCJ ngamimitian proyék modérnisasi angkutan KRL dina taun 2011, ku canya nyaderhanakeun ruteu nu aya jadi 5 ruteu utama, pamupusan KRL ékspréss, panerapan gerbong husus awéwé, sarta ngarobah ngaran KRL ékonomi-AC jadi Karéta Commuter. Ieu proyék dituluykeun ku rénovasi, panataan ulang, jeung stérilisasi sarana prasarana kaasup jalur karéta ogé stasiun karéta. Deuih ditempatkeun ogé satuan kaamanan di unggal gerbong. Mangsa Stasiun Tanjung Priok diresmikeun deui sanggeus rénovasi total taun 2009, jalur karéta listrik geus nambah jadi 6, sok sanajan can dioperasikeun sagemblengna. Bulan Juli 2013, PT KCJ mitembeyan sistim tikét éléktronik COMMET (Commuter Electronic Ticketing) jeung parobahan sistim tarif karéta.[7]

Ruteu[édit | édit sumber]

Mimiti diwanohkeun kana pola loopline mah nyaéta taun 2011, KRL Jabodetabek mibanda 6 jalur jeung 8 rélasi. Kiwari éta jumlah téh nambahan jadi 6 jalur jeung 13 rélasi nu ngalayanan sakuliah wewengkon Jabodetabek sarta Lebak.

Jalur Relasi Jumlah Stasion Jarak Dioperasikan
KRL Icon Red.svg Jakarta - Bogor Jakarta Kota - Depok 20 33,3 km 1930
Jakarta Kota - Bogor 24 54,8 km 1930
KRL Icon Yellow.svg Jatinegara-Bogor Jatinegara - Depok 26^ 47,2 km 1987
Jatinegara - Bogor 30^ 69,4 km 1987
Angke - Nambo 21 50,8 km 2015
KRL Icon Green.svg Tanah Abang - Rangkasbitung Tanahabang - Serpong 8 24,3 km 1992
Tanahabang - Parungpanjang 11 34,5 km 2009
Tanahabang - Maja 17 55,6 km 2013
Tanahabang - Rangkasbitung 19 72,8 km 2017[8]
KRL Icon Blue.svg Jakarta - Bekasi Jakarta Kota - Bekasi via Manggarai 15 27,4 km 1992
Jakarta Kota - Bekasi via Pasar Senen 15^ 26,5 km 2017
KRL Icon Brown.svg Duri - Tangerang Duri - Tangerang 11 19,3 km 1997
KRL Icon Pink.svg Jakarta - Tanjung Priuk Jakarta Kota - Tanjung Priok 4 15,4 km 2015
† Teu kaasup Stasion Gambir (teu ngalayanan Commuterline)^ Kaasup Stasion Pasar Senen. Ieu stasion ngan ngalayanan iinditan ka arah kalér (ka Kampung Bandan). Iinditan ka arah kidul (ka Jatinegara) teu eureun di ieu stasion.

Éléktrifikasi jeung panambahan ruteu[édit | édit sumber]

Kiwari, jalur Green Line keur dipanjangan nepi ka Stasion Rangkasbitung jeung ari rencanana mah bakal anggeus taun 2016. Ieu prosés éléktrifikasi téh ogé ngawengku pangwangunan jalur ganda Maja-Citéras-Rangkasbitung, pangwangunan tihang LAA jeung pangwangungan garduh listrik. Ari diperkirakeunna mah KRL ka Rangkasbitung téh mimiti operasina taun 2017.[8]

Stasion MajaCitérasStasion Rangkasbitung.

Lian ti kitu, jalur Blue Line ogé bakal dituluykeun nepi ka Stasion Cikarang. Pagawéanana geus dimimitian ti taun 2013 katompérnakeun. Jalur Jatinegara-Cikarang bakal digandakeun jadi 4 jalur karéta api. Pangwangunan jalur double-double track sarta éléktrifikasi diperkirakeun bakal anggeus taun 2018. Direncanakeunna mah di ieu jalur téh bakal diwangun sawatara Stasion anyar, di antarana Stasion Bekasi Timur.

Stasion BekasiStasion AmperaTambunCibitungTelaga MurniStasion Cikarang.

Ku dioperasikeunana deui jalur karéta api Citayam-Nambo, aya kamumkinan pikeun nuluykeun deui pangwangunan jalur karéta api anyar Parung Panjang - Tanjung Priuk. Ieu jalur geus pernah direncanakeun ku pamaréntah Orde Baru taun 1990-an. Ieu rencana dibedokeun lantaran Krisis finansial Asia 1997 sarta runtuhna Suharto taun 1998. Ieu jalur karéta api nu bakal ngurilingan Jakarta téh bakal kawengku ku sawatara Stasion:

Stasion Parung PanjangStasion CitayamNamboStasion CikarangStasion Tanjung Priok

Kiwari keur aya pasiapan pangwangungan jalur karéta api ganda ti Stasion Batucépér ka Bandar Udara Internasional Soekarno-Hatta sapanjang 12.1 km. Ari prosés pabébasan lahanna mah anggeus 100%. Deuih rencanana ogé bakal diwangun jalur anyar ti Stasion Cawang ka Bandar Udara Halim Perdanakusuma. Ku anggeusna pangwangunan ieu jalur, para panumpang pasawat moal bakal hésé transfer pasawat.

Bandar Udara Internasional Soekarno-HattaStasion BatucépérStasion DuriStasion TanahabangStasion SudirmanStasion ManggaraiStasion CawangBandar Udara Halim Perdanakusuma

Stasion[édit | édit sumber]

  • Kandel: Stasion ahir atawa transit
  • Déngdék: Ngan ngalayanan karéta jarak jauh/ menengah, teu ngalayanan Commuterline
  • Coret: Stasion nonaktif
  • LS hartina: jalan langsung
  •  : Mibanda interkonéksi jeung beus TransJakarta
KRL Icon Red.svg Jakarta Kota - Bogor KRL Icon Green.svg Tanah Abang - Rangkasbitung KRL Icon Brown.svg Duri - Tangerang KRL Icon Pink.svg Jakarta Kota - Tanjung Priok

† Sawatara karéta mungkasan sarta ngamimitian iidintanna ti ieu stasion

† Sawatara karéta mungkasan sarta ngamimitian iidintanna ti ieu stasion

KRL Icon Yellow.svg Jatinegara - Bogor/ Nambo

† Sawatara karéta mungkasan sarta ngamimitian iidintanna ti ieu stasion

^ Ngan ukur jang karéta ka arah kalér (ka Depok/ Bogor). Karéta arah kidul (ka Jatinegara) teu eureun di dieu.

KRL Icon Blue.svg Jakarta Kota - Manggarai/Pasar Senen - Bekasi

† Beberapa Karéta mengakhiri dan memulai perjalanan dari Stasion ini

^ Hanya bagi Karéta ke arah utara (menuju Jakarta Kota). Karéta arah selatan (menuju Bekasi) tidak berhenti di sini.

Stasion utama[édit | édit sumber]

Di handap mangrupa daptar stasion terminus (stasion awal/ahir) utama atawa stasion badag nu fungsina ogé minangka stasion transit jeung stasion karéta jarak jauh.

Stasion Jalur Diresmikan pada Stasion KA Jarak Jauh Tipe Keterangan
Stasion Jakarta Kota 1926 Teu Terminus KA Commuter
Terminus KA Jarak Jauh (kelas eksekutif)
Sakum KA Jarak Jauh kelas éksékutif mungkasan iidintanna di dieu, ngan henteu pikeun naék turun panumpang KA Jarak Jauh.
Stasion Gambir 1884 Nya Terminus KA Jarak Jauh Kiwari, Stasion Gambir teu ngalayanan KA Commuter disumebabkeun jadwal KA Jarak Jauh nu padet. Panumpang KA Commuter nu bakal indit ka pusat kota turun liwat stasion pangdeukeutna jeung Gambir (Gondangdia atawa Juanda).
Stasion Manggarai 1918 Teu Transit KA Commuter
Transit KA Jarak Jauh
Stasion Jatinegara 1910 Nya Transit KA Commuter
Transit KA Jarak Jauh
Sakum karéta api jarak jauh ti arah wétan eureun di ieu stasion, karéta api jarak jauh ti arah kulon jalan langsung.
Stasion Tanah Abang 1910 Nya Transit KA Commuter
Terminus KA Lintas Barat
Per 1 April 2017, KA Lintas Kulon nu dioperasikeun ku PTKA, ngawengku KA Rangkas Jaya, KA Banten Ékspréss jeung KA Kalimaya bakal digabungkeun jadi KA Lokal Merak kalawan rélasi Rangkasbitung-Merak. Ogé ngalayanan KA Krakatau tujuan Kediri & Merak.
Stasion Duri Teu Transit KA Commuter Stasion Duri bakal dioperasikeun minangka Transit KA Bandara Internasional Soekarno-Hatta.
Stasion Kampung Bandan Teu Transit KA Commuter
Stasion Pasar Senén 1925 Nya Terminus KA Jarak Jauh Kiwari, Stasion Pasar Senén ngan ngalauanan KA Commuter ti arah Jatinegara/Bekasi. Panumpang KA Commuter nu bakal nuju ka Pasar Senén lian ti arah Jatinegara/Bekasi bisa turun liwat Stasion pangdeukeutna jeung Pasar Senen nyaéta Kemayoran jeung Gang Sentiong.
Stasion Bogor 1881 Nya Terminus KA Commuter
Terminus KA Pangrango
Mangrupa terminus ti KA Pangrango nu dioperasikeun ku PT. KAI, ngalayanan ruteu Bogor-Sukabumi-Cianjur.
Stasion Bekasi 1887 Teu Terminus KA Commuter
Transit KA Jarak Jauh
Stasion Tangerang 1899 Teu Terminus KA Commuter Ieu stasion mangrupa stasion pangtungtungna di Jalur Karéta api Tangerang-Duri
Stasion Tanjung Priuk 1885 Teu Terminus KA Commuter

Terminus KA Lokal Purwakarta Terminus
KA Barang

Geus bisa ngalayanan KRL, KA lokal Cikampék jeung purwakarta, sarta KA barang.
Stasion Citayam Teu Transit KA Commuter
Stasion Nambo 2015 Teu Terminus KA Commuter
Stasion Rangkasbitung 1 April 2017 Nya Terminus KA Commuter

Terminus KA Lokal Merak

Transit KA Jarak Jauh

Per 1 April 2017, Stasiun Rangkasbitung Doperasikeunna minangka Stasion Terminus KA Commuter Lintas Green Line, ogé Stasion Terminus KA Lokal Merak rélasi Rangkasbitung-Merak PP. Pikeun KAJJ nu operasina téh ngan KA Krakatau wungkul.

Tikét Éléktronik jeung Tarif[édit | édit sumber]

Kartu Multi Trip (hitam) dan tikét Harian Berjaminan (putih) milik KAI Commuter Jabodetabek.

Multi Trip jeung Single Trip

Minangka tahap larapan program e-ticketing, PT Kereta Api Indonesia jeung PT KAI Commuter Jabodetabek mimiti taun 2012 ngaganti Kartu Trayék Bulanan (KTB)/Kartu Langganan Sakola (KLS) kalawan nungtutan nepi ka tanggal 1 Juli 2013 ditetepkeun jadi Commuter Electronic Ticketing (Commet). Kartu Commet mangrupa alat babayaran gaganti duit kontan nu dipaké pikeun transaksi iinditan KA Commuter Line minangka tikét iinditan KA, nu disayagakeun dina wangun kartu sakali maké (Single-Trip) sarta prabayar (Multi-Trip). Panumpang diwajibkeun pikeun ngalampahan tap-in di gerbang asup sarta ngasupkeun kartu single-trip kana gerbang kaluar atawa cukup tap-out pikeun pamaké kartu prabayar di gerbang kaluar.

Bareng jeung lumakuna Commet, sistim tarif progrésif diberlakukeun. Ieu sistim téh ngagunakeun itungan jumlah stasion nu diliwatan minangka dasar iitungan tarif unggal panumpang. Mimitina mah lumaku tarif normal, ngan ku sabab ayana subsidi dana public service obligations (PSO) Kamentrian Pahubungan pikeun KA Commuter, mangka tarif nu lumaku tarif subsidi.[9]

Tanggal 1 April 2015, tarif progrésif dirobah. Sistim tarif progrésif nu anyar ngitung dumasar jarak.[10] Lian ti kitu, katangtuan duit jaminan pikeun THB sarta minimal saldo pikeun tikét multitrip jeung kartu bank ogé robah[11].

Tikét harian bajaminan (THB)

Lantaran larapna tikét single trip nyumebabkeun libana kajadian tikét iinditan single trip téh leungit waé, tanggal 11 Agustus 2013 KCJ nerapkeun sistim ticketing gaganti sistim single trip pikeun panumpang KRL tanpa lalangganan. Iitungan tarif luyu jeung skéma tarif iinditan single trip, ngan panumpang dikudukeun pikeun mayar duit jaminan pikeun THB. Duit jaminan bisa dicokot deui di stasion nepi ka jangka waktu maksimal 7 poé atawa ditukeurkeun deui jeung THB anyar kalawan mayar tarif pikeun iinditan saterusna.

Kartu Multi Trip (KMT)

Lian tikét harian bajaminan, panumpang bisa ngagunakeun Kartu Multi Trip (KMT). Kartu Multi Trip nyaéta kartu prabayar eusi ulang nu bisa dipaké minangka tikét KRL kalawan katangtuan saldo minimum. Éta kartu ngan bisa dipaké pikeun naék KRL wungkul sarta bisa di eusi ulang di sakumna stasion KRL di Jabodetabék.

Kartu Prabayar (Kartu Bank)

Sejak 8 Desember 2013, kartu Flazz BCA sudah dapat digunakan di Commuter Line, dan sejak tanggal 16 Juni 2014, kartu Mandiri E-Money, Brizzi, BRI, dan BNI TapCash juga sudah dapat digunakan di Commuter Line. Cara penggunaan kartu tersebut sama halnya dengan cara penggunaan Kartu Multi Trip, akan tetapi keempat kartu tersebut tidak dapat dibeli dan diisi ulang di seluruh stasiun KRL di Jabodetabek, melainkan di merchant-merchant terkait, seperti Indomaret, 7-Eleven, dan seluruh halte bus Transjakarta (tunai). Pengisian dapat dilakukan secara tunai maupun dengan kartu ATM bank terkait. Beberapa stasiun KRL juga telah melayani pengisian ulang keempat kartu tersebut, seperti Sudirman dan Juanda, tetapi tidak bisa secara tunai dan harus menggunakan kartu ATM bank terkait (kartu debit maupun kredit). Keempat kartu tersebut juga dapat digunakan sebagai tikét Transjakarta[12].

Denda (suplisi) dan free out

Pengguna dapat dikenakan denda (suplisi) jika melakukan perjalanan tanpa tikét (anak berumur 3 tahun ke atas/tinggi badan 90 cm wajib memiliki tikét [13]), menggunakan tikét harian berjaminan yang telah kedaluwarsa atau tikét multitrip yang saldonya kurang dari tarif tertinggi. Pengguna THB yang tidak melakukan tapping in/tapping out dengan benar atau tarif dalam tikétnya kurang (turun di stasiun yang lebih jauh), THB akan diambil dan tidak mendapatkan pengembalian uang jaminan. Sedangkan untuk pengguna multitrip yang tidak melakukan tapping in/tapping out dengan benar, maka pengguna harus menyelesaikan di loket dengan membayar tarif tertinggi[11].

Pengguna tikét Harian Berjaminan juga mendapatkan fasilitas free out, fasilitas untuk dapat melakukan sekali tapping out pada stasiun yang sama dengan stasiun tapping in terhitung satu jam dari waktu transaksi pembelian THB di loket. Untuk pengguna tikét multritrip terhitung satu jam dari tapping in. Per tanggal 16 Desember 2015 fasilitas free out ditiadakan. Setiap penumpang yang masuk dan keluar di stasiun yang sama akan dikenankan denda. Untuk pengguna KMT atau Kartu Prabayar Bank dikenakan pemotongan saldo sesuai tarif terendah. Untuk pengguna THB, tarif relasi perjalanan di dalam kartu akan hangus, tetapi refund kartu masih dapat dilakukan.[14]

Armada [1][édit | édit sumber]

KRL non-AC[édit | édit sumber]

  • KRL BN-Holec (1994-2001)
  • KRL Rhéostatik (1976, 1978, 1983-1987)
  • KRL INKA-Hitachi (1997)
  • KRL ABB-Hyundai (1985-1992)

KRL AC[édit | édit sumber]

  • KRL eks Toei
  • KRL eks Tokyū Corporation
  • KRL Tokyu 8000
  • KRL Tokyu 8500
  • KRL JR éast 103
  • KRL JR éast 203
  • KRL JR éast 205
  • KRL Toyo Rapid
  • KRL Tokyo Metro
  • KRL i9000 KfW

Tingali ogé[édit | édit sumber]

Kereta Api Indonesia

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Situs resmi PT KAI Commuter Jabodetabék (id) diakses tanggal 4 Mei 2016
  2. Situs resmi PT Kereta Api Indonesia (id) diakses taggal 4 Mei 2016
  3. a b "Hikayat Jalur Kereta Api Listrik di Indonesia". CNN Indonesia. https://www.cnnindonesia.com/gaya-hidup/20150928130906-269-81365/hikayat-jalur-kereta-api-listrik-di-indonesia/. Diakses pada 2017-07-13 
  4. Media, Kompas Cyber. "Merindu Trem di Jakarta" (dalam bahasa en). KOMPAS.com. http://nasional.kompas.com/read/2009/03/30/10371970/merindu.trem.di.jakarta. Diakses pada 2017-03-24 
  5. a b c d Media, Kompas Cyber. "Putaran Roda KRL, Bonbon, hingga KfW" (dalam bahasa en). KOMPAS.com. http://megapolitan.kompas.com/read/2016/10/03/18000051/putaran.roda.krl.bonbon.hingga.kfw. Diakses pada 2017-03-24 
  6. Fadhli, Faris (2016-01-17). "Perjalanan KRL Seri 6000 Hibah eks-Toei, Setelah 15 Tahun - KAORI Nusantara" (dalam bahasa en-GB). KAORI Nusantara. https://www.kaorinusantara.or.id/newsline/37443/perjalanan-krl-seri-6000-hibah-eks-toei-setelah-15-tahun. Diakses pada 2017-07-13 
  7. "Sejarah Kereta Rel Listrik". PT KAI Commuter Jabodetabek. Diakses tanggal 20 September 2015. 
  8. a b https://m.tempo.co/read/news/2016/12/19/090829016/kai-januari-2017-krl-beroperasi-sampai-rangkasbitung
  9. http://news.liputan6.com/read/632722/berlakukan-tarif-progresif-krl-commuter-pt-kai-merugi
  10. http://www.merdeka.com/uang/mulai-1-april-2015-tarif-krl-jabodetabek-tergantung-jarak.html
  11. a b Ketentuan tikét KRL per 1 April 2015
  12. http://nasional.kompas.com/read/2014/08/11/13275481/tikét.Elektronik.Transjakarta.Bisa.Digunakan.untuk.KRL
  13. Anak Bertinggi Badan Lebih dari 90 Cm Wajib Beli tikét KRL
  14. Fasilitas Free Out akan Ditiadakan, diakses 14 Desember 2015
Jreast e257 door.jpg